Rabu, 28 Desember 2011

Perkawis Adzan Jum`at

* وَقْتُ الْأَذَانِ لِلْجُمُعَةِ *
WAKTU ADZAN JUM`AT
( قَالَ الشَّافِعِيُّ رَحِمَهُ اللَّهُ تَعَالَى ) : وَلَا يُؤَذِّنُ لِلْجُمُعَةِ حَتَّى تَزُولَ الشَّمْسُ
Parantos ngadawuh Imam Syafi`i rhm. : hanteu aya adzan pikeun jum`at samemeh lingsir panon poe
 ( قَالَ الشَّافِعِيُّ رَحِمَهُ اللَّهُ تَعَالَى ) : وَإِذَا أُذِّنَ لَهَا قَبْلَ الزَّوَالِ أُعِيدَ الْأَذَانُ لَهَا بَعْدَ الزَّوَالِ فَإِنْ أَذَّنَ لَهَا مُؤَذِّنٌ قَبْلَ الزَّوَالِ وَآخَرُ بَعْدَ الزَّوَالِ أَجْزَأَ الْأَذَانُ الَّذِي بَعْدَ الزَّوَالِ وَلَمْ يُعَدْ الْأَذَانُ الَّذِي قَبْلَ الزَّوَالِ
Parantos ngadawuh Imam Syafi`i rhm. : Dimana-mana diadzankeun samemeh zawal tangtu dibalikan deui eta adzan saparantos zawal, jeung  lamun diadzankeun ku saurang tukang  adzan samemeh zawal jeung ku tukang adzan anu sanesna saparantos zawal , tangtu nyukupan  adzan anu saparantos zawal jeung hanteu dibalikan deui adzan anu samemeh zawal.
( قَالَ الشَّافِعِيُّ رَحِمَهُ اللَّهُ تَعَالَى ) : وَأُحِبُّ أَنْ يَكُوْنَ الْأَذَانُ يَوْمَ الْجُمُعَةِ حِيْنَ يَدْخُلُ الْإِمَامُ الْمَسْجِدَ وَيَجْلِسُ عَلَى مَوْضِعِهِ الَّذِي يَخْطُبُ عَلَيْهِ خَشَبٌ أَوْ جَرِيدٌ أَوْ مِنْبَرٌ أَوْ شَيْءٌ مَرْفُوعٌ لَهُ أَوْ الْأَرْضُ فَإِذَا فَعَلَ أَخَذَ الْمُؤَذِّنُ فِي الْأَذَانِ فَإِذَا فَرَغَ قَامَ فَخَطَبَ لَا يَزِيدُ عَلَيْهِ
Parantos ngadawuh Imam Syafi`i rhm. :  kaula mikaresep yen aya adzan dina poe jum`at eta dina waktu imam asup masjid jeung anjeunna calik kana tempatna anu khutbah anjeunna, naha diluhur eta tempat kai atanapi diluhur palapah korma atanpia mimbar atanapi hiji perkara anu luhur atanapi lante, maka dimana-mana imam tos midameul sapertos kitu , mangka ngalaksanakeun adzan eta tukang adzan  .mangka  dimana-mana tos rengse teuras  eta imam ngadeg teras maca khutbah teu aya langkung anu sapertos kitu.
 ( قَالَ الشَّافِعِيُّ رَحِمَهُ اللَّهُ تَعَالَى ) : وَأُحِبُّ أَنْ يُؤَذِّنَ مُؤَذِّنٌ وَاحِدٌ إِذَا كَانَ عَلَى الْمِنْبَرِ لَا جَمَاعَةُ مُؤَذِّنِينَ
Parantos ngadawuh Imam Syafi`i rhm. : kaula mikaresep yen dipigawe adzan ku tukang adzan anu nyorangan ( tegesna hanteu gentos jalmi ), upama imam eta tos aya diluhur mimbar, hanteu dipidameul sajumlah pirang-pirang tukang adzan
أَخْبَرَنَا الرَّبِيْعُ قَالَ أَخْبَرَنَا الشَّافِعِيُّ قَالَ أَخْبَرَنِى الثِّقَةُ عَنِ الزُّهْرِيِّ عَنِ السَّائِبِ بْنِ يَزِيدَ أَنَّ الْأَذَانَ كَانَ أَوَّلُهُ لِلْجُمُعَةِ حِيْنَ يَجْلِسُ الْإِمَامُ عَلَى الْمِنْبَرِ عَلَى عَهْدِ رَسُوْلِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَأَبِى بَكْرٍ وَعُمَرَ فَلَمَّا كَانَتْ خِلَافَةُ عُثْمَانُ وَكَثُرَ النَّاسُ أَمَرَ عُثْمَانُ بِأَذَانٍ ثَانٍ فَأُذِّنَ بِهِ فَثَبَتَ الْأَمْرُ عَلَى ذَلِكَ
Diwartakeun ka kaula sadaya ku imam Ar-Rabi` anu nyarioskeun : diwartakeun ka kaula sadaya ku imam Asy-Syafi`i  anu nyarioskeun : diwartakeun ka kaula ( tegesna ka imam Asy-Syafi`i  ) ku jalmi anu tiasa di percanteun , ti imam Az-Zuhri, ti imam As-Saib bin Yazid : yen eta mimiti adzan pikeun jum`at nalika imam calik diluhur mimbar di zaman Rosululloh Saw. , sayyidina Abu bakar shidiq ra. , sayyidina umar bin khotob ra. , tetkala zaman kholifah sayyidina Utsman bin Affan ra. Sareung parantos seueurna jalmi-jalmi, teras sayyidina Utsman miwarang kalawan adzan dua kali teuras dilaksanakeun eta adzan. Mangka teuteup perkarana netepan sapertos eta.
 ( قَالَ الشَّافِعِيُّ رَحِمَهُ اللَّهُ تَعَالَى ) : وَقَدْ كَانَ عَطَاءٌ يُنْكِرُ أَنْ يَكُوْنَ عُثْمَانُ أَحْدَثَهُ وَيَقُولُ أَحْدَثَهُ مُعَاوِيَةُ وَاللَّهُ تَعَالَى أَعْلَمُ
Parantos ngadawuh Imam Syafi`i rhm. : nyata aya imam A`tho eta neuntang ( ingkar ) yen sayyiduna Utsman anu ngayakeun eta adzan kadua jeung nyarioskeun : adzan kadua eta diayakeun ku Mu`awiyyah bin sufyan sareung mung Alloh Ta`alaa eta anu langkung uninga.
 ( قَالَ الشَّافِعِيُّ رَحِمَهُ اللَّهُ تَعَالَى ) : وَأَيُّهُمَا كَانَ فَالْأَمْرُ الَّذِي عَلَى عَهْدِ رَسُوْلِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ أَحَبُّ إِلَىَّ
Parantos ngadawuh Imam Syafi`i rhm. : manabae jalmi anu dua eta anu ngayakeun ( tegesna naha sayyidina Utsman atanapi Sayyidina Muawiyyah ), mangka kaayaan anu di zaman Rosululloh Saw. Eta kaula langkung mikaresepna ( tegesna adzan sakali anu dipika resep ku imam syafi`i ).
 ( قَالَ الشَّافِعِيُّ رَحِمَهُ اللَّهُ تَعَالَى ) : فَإِنْ أَذَّنَ جَمَاعَةٌ مِنَ الْمُؤَذِّنِينَ وَالْإِمَامُ عَلَى الْمِنْبَرِ وَأُذِّنَ كَمَا يُؤَذَّنُ الْيَوْمَ أَذَانٌ قَبْلَ أَذَانِ الْمُؤَذِّنِينَ إذَا جَلَسَ الْإِمَامُ عَلَى الْمِنْبَرِ كَرِهْتُ ذَلِكَ لَهُ وَلَا يُفْسِدُ شَيْءٌ مِنْهُ صَلَاتَهُ
Lamun adzan hiji jama`ah ti pirang-pirang tukang adzan jeung eta imam disaluhureun mimbar jeung diadzankeun  sakumaha diadzankeun dina ieu poe, ari adzan samemeh adzan pirang-pirang tukang adzan , dimana-mana parantos calik imam disaluhureun mimbar , mangka kaula mandang makruh kana perkara anu samodel kitu, jeung hanteu ruksak ku perkara anu samodel kitu ngeunaan sholatna.
 ( قَالَ الشَّافِعِيُّ رَحِمَهُ اللَّهُ تَعَالَى ) : وَلَيْسَ فِي الْأَذَانِ شَيْءٌ يُفْسِدُ الصَّلَاةَ لِأَنَّ الْأَذَانَ لَيْسَ مِنَ الصَّلَاةِ إِنَّمَا هُوَ دُعَاءٌ إلَيْهَا وَكَذَلِكَ لَوْ صَلَّى بِغَيْرِ أَذَانٍ كَرِهْتُ ذَلِكَ لَهُ وَلَا إعَادَةَ عَلَيْهِ
Parantos ngadawuh Imam Syafi`i rhm. : Teu aya dina adzan hiji perkara oge anu ngaruksak kana sholat , karena saestuna adzan sanes bagean tina sholat , pastina adzan eta ngagero kana sholat , jeung nya kitu deui , lamun migawe sholat kalawan hanteu adzan , tangtu mandang makruh kaula kana perkara anu samodel kitu. Jeung teu malikan deui kana  eta sholat.

نُقِـلَ فِى اْلأُمِّ لِلإمام الشّافعى المجلد الأوّل ص.214
Disalin tina kitab Al-Umm kagungan Imam Syafi`i , jilid ka 1 halaman 214

NATIJAH ( kasimpulan ) :
•    Bade adzan sakali mangga da aya anu ngayakeunna nyatana kangjeung Nabi Muhammad Saw., Sayyidina Abu bakar ra. sareung sayyidina Umar ra.
•    Bade adzan dua kali mangga da aya anu ngayakeunna nyatana Sayyidina Utsman sareung Muawiyyah ( margi Kholifah Rosul oge wajib diturutna sakumaha aya dina sapalihna pirang-pirang hadits Rosululloh Saw. )

CARA NEUKTEUK KUKU

Disunnatkeun ngeureutan kuku dina poe jum`at .eta pangeureutan dipigawe halna Lalawanan ( luluncatan ) nyatana nalika ngeureut kuku panangan katuhu  pangeureutan dimimitian ti ramo :

1. Cinggir
2. tuluy Jempol
3. Jajangkung
4. Jariji
5. jeung terakhir curuk


sedengkeun dina panangan kenca dimimitian ti:

1. Jempol
2. Tuluy jajangkung
3. Cinggir
4. Curuk
5. Jeung terakhir Jariji


Kitu numutkeun panafsiran Abdulloh bin Buththoh katampi ti para shohabat. Hal eta dumasar kana hadits Nabi Saw. Dimana manteunna parantos ngadawuh :

من قصّ أظفاره محّالفا لم يرّ فى عينيه رمد
“ Sing saha jalma anu ngeureut itu jalma kana pirang-pirang kukuna itu jalma halna lalawanan maka moal kaserang itu jalma dina panonna itu jalma naon panyakit panon. “

Sedengkeun dina hadits amid bin abdurrohman ti bapana , Rosululloh Saw. Parantos ngadawuh :

من قصّ أظفاره يوم الجمعة دخل فيه شفاء وخرج منه داء
“ Sing saha jalma anu ngeureut itu jalma kana pirang-pirang kukuna itu jalma dina poe jum`at maka asup ka jero dirina kawarasan jeung kaluar tina dirina itu jalma naon panyakit .”

Kautamian jeung sunah ngeureut kuku dicarioskeun oge dipigawe dina poe kemis saparantos sholat ashar anu diriwayatkeun ku Waki` ti Sitti A`isyah ra. Anjeunna nyarios yen Rosululloh Saw. Parantos ngadawuh :

ياعائشة إذا أنت قلمت أظافرك فإبدئى بالوسطى ثمّ بالخنصر ثمّ بالإبهام ثمّ بالبنصر ثمّ بالسّبابة فإنّ ذلك يورّث الغنى

“ Hei Aisyah dimana-mana anjeun ngeureut naon pirang-pirang kuku anjeun mangka kudu ngamimitian anjeun kalayan ramo :
1. Jajangkung
2. Tuluy Cinggir
3. Jempol
4. Jariji
5. Jeung terakhir Curuk



Maka saestuna anu parantos ditutur eta bakal ngawaris kana kabeungharan
Dianjurkeun supaya pangeureutan dipigawe kalayan gunting atawa alat pangeureutan kuku ( catutan kuku ) tatapina makruh ngeureutan kuku ku huntu , saparantos ngereut kuku , disunahkeun ngumbah buku ramo-ramo jeung ngaruang pangeureutan kuku kajero taneuh .kitu halna reujeung rambut mastaka atawa rambut awak oge geutih tilas bekaman . hal ieu didumasarkeun kana hadits Nabi Saw. Dimana manteunna Saw. Marentahkeun pikeun ngaruang geutih, buuk jeung kuku.

( disalin tina kitab Gunyah syeikh abdul qodir jailani ra. Hall 15 juz ka 1 )