Minggu, 08 Juli 2012

MUJAHADAH



 ياحبيبى اطبق جفنيك وانظرماذا ترى فان قلت لاأرى شيئا فهو خطا منك بل تبصر ولكن ظلام الوجود لفرط قربه من بصيرتك لاتجده فان احببت أن تجده وتبصره قدامك مع انك مطبق جفنيك فانقص من وجودك شيئا أو ابعد من وجودك شيئا وطريق تنقيصه والابعاد منه قليلا المجاهدة ومعنى المجاهدة بذل الجهد فى دفع الاغيار أو قتل الاغيار والاغيار الوجود والنفس والشيطان وبذل الجهد مضبوط بطرق

Sobat kaula anu dipikacinta ,kudu nutup anjeun kana dua panon anjeun sarta kudu ninggal anjeun kana naon anu katembong ku anjeun , mangka lamun nyarios anjeun : kaula hanteu ninggal perkara naon - naon , anjeun kaliru , samalah sabenerna anjeun ninggal.
namung popoek ieu wujud mecenghul disababkeun cakeutna rejeung dua panon, sahingga  anjeun henteu manggihan nanaon. Lamun anjeun hayang manggihan jeung ningalina dina tujul hareup, samentara anjeun nutupan kadua panon anjeun, mangka anjeun bakal ngurangan wujud anjeun dina perkara atawa anjeun menjauhkeun perkara tina wujud anjeun.
Jalan ngurangan jeung ngajauhkeun tina éta perkara sakeudik demi sakeudik, mangrupikeun usaha “mujahadah”. Harti mujahadah éta sorangan nyaéta mencurahkan( ngaluarkeun sakabeh ) kasarieusan dina ngalawan atawa maéhan sakabeh oloan. oloan anu sumberna tina wujud, napsu, jeung setan.
Pancurahan pajoangan éta ogé ngaliwatan sagala rupa cara:
الاوّل : تقليل الغذاء بالتدريج فان مدد الوجود والنفس والشيطان من الغذاء ، فإذاقل الغذاء قل ساطانه
Kahiji, sakeudik demi sakeudik ngirangan tuang. Sabab tuang mangrupa leungeun panjang tina wujud, napsu jeung setan. Lamun dahar ngurangan, ngurangan ogé pangawasaanana.
والثاني : ترك الاختيار وافنائه فى اختيار شيخ مامون ليختار له ما يصلحه فإنه مثل الطفل والصبي الذى لم يبلغ مبلغ الرجال أو السفيه المبذر وكل هؤلاء لابدلهم من وصي أو ولي أو قاض أو سلطان يتولى أمرهم
Kadua, ninggalkeun jeung ngancurkeun ikhtiar kalayan masrahkeun kana ikhtiar syekh ( guru rohani/Mursyid/Muqoddam ) anu kapiara, asy-syekh pangmilihkeun anu pangalusna pikeun anjeun.
Posisi anjeun di dieu saperti hiji orok atawa budak anu tacan balegh, atawa saperti hiji jalma anu bodo, anu  sakabéhna ngabutuhkeun kolot, wali, hakim, atawa pamingpin anu ngabingbing ( eta orok, budak atawa jalma bodo tea ).
والثالث : من الطرق طريقة الجنيد قدّس الله روحه وهو ثمان شرائط :
Katilu, nuturkeun cara thariqoh ( jalan ) imam junaid ra. – muga Alloh nyucikeun rohna imam junaidi ra.anu diwangun tina dalapan sarat:
دوام الوضوء ودوام الصوم ودوام السكوت ودوام الخلوة ودوامالذكر وهو قول لاإله إلا الله ودوام ربط القلب بالشيخ واستفادة علمالواقعات منه بفناء تصرفه فى تصرف الشيخ ودوام نفي الخواطرودوام نركالاعتراض على الله تعالى فى كلما يرد منه عليه ضرا كان أو نفعا وتركالسؤال عنه من جنة أو تعود من نار

1. ngalanggengkeun wudhu.
2. ngalanggengkeun puasa.
3. ngalanggengkeun cicing
/ jempe.
4. ngalanggengkeun kh
olwat.
5. ngalanggengkeun dzikir, nyaéta ucapan “laa illaha illallah”.
6. ngalanggengkeun hubungan batin reujeung syekh, di sagigireun nyokot mangfaat elmu
anu
karandapan ( lumangsung ) ti syekh kalayan kefanaan salik dijero usaha syekh.
7. ninggalkeun sagala bisikan
( harewosan ) kasalempang.
8. ninggalkeun dangong ( sikeup ) nentang Alloh SWT. naha dina kaayaan
ngabahayakeun atawa dina kaayaan anu méré mangpaat, di sagigireun ninggalkeun
paménta surga ka-Manteunna ( Alloh Swt. ) jeung panangtayungan ( panyalindungan ) ti
na naraka.
والفرق بين الوجود والنفس والشيطان فى مقام المشاهدة أن الوجود شديد الظلمة فى الاول فإذا صفا قليلا تشكل قدامك بشكل الغيم الأسود فإذا كان عرش الشيطان كان احمر فاذا صلح وفني الحظوظ منه وبقي الحقوق صفا وابيض مثل المزن والنفس اذا بدت فلونها لون السماء وهي الزرقة ولها نبعان كنبعان الماء من أصل الينبوع فإذا كانت عرش الشيطان فكانها عين من ظلمة ونار ويكون نباعها اقلفان الشيطان لاخير فيه وفيضان النفس على الوجود وتربيته منها فان صفت وزكت افاضت عليه الخير ونبت منه فان افاضت عليه الشر فكذلك ينبت منه الشر والشيطان نار غير صافية ممتزجة بظلمات الكفر في هيئة عظيمة وقد يتشكل قدامك كانه زنجي طويل ذو هيبة يسعى كانه يطلب الدخول فيك فإذا طلبت منه الانفكاك فقل فى قلبك
Perbenteunan antara wujud, napsu, jeung setan nyaéta maqam musyahadah, antara sanes : yén wujud éta dina mimitina pohara poek. Lamun jadi herang sakeudik demi sakeudik sahingga kabentuk awan hideung di hareupeun anjeun, mangka tatkala éta singgasana setan ngabogaan warna beureum. Lamun pirang-pirang bagean ti setan musna jeung anu masih keneh aya nyaéta pirang-pirang hak,
mangka kelir ( warna ) éta jadi hérang jeung bodas kawas halimun ( kabut ) . Sedengkeun eta napsu lamun tembong ( kasampak ), mangka warnana nyaéta kelir ( warna )  wiati ( langit ) , nyaéta warna  bulao, anu ngabogaan sababaraha asal sapertos asal cai anu kaluar tina asal pusat cai ( cinyusu anu kaluar tina asal cinyusu ).
Singgasana setan anu mecenghul sapertos perwujudan tina popoek jeung seuneu. Perwujudan ieu asalna ( sumberna ) leuwih saeutik, sabab setan henteu panteus aya di jerona.
Sedengkeun luapan napsu jeung pangolahan wujud éta ogé tina napsu. Mangka lamun napsu geus bersih sarta jernih, eta napsu bakal ngocorkeun kahadean kana wujud jeung pirang-pirang anu tumuwuh tina eta kahadean. Sabalikna lamun dikocoran kajahatan bakal tumuwuh ogé kajahatan tina eta napsu.
Setan mangrupakeun seuneu anu teu acan kantos bersih, sabab pacampur ( galo ) kalawan pirang-pirang popoek kufur dina bentukna anu kitu badagna.
Gambaran eta ngabentuk di hareupeun anjeun sapertos dedegan hideung anu panjang jeung pikasieuneun, leumpang saolah-olah ngasupan diri anjeun. Lamun diri anjeun hayang ngaleupaskeunna, mangka kudu nucapkeun anjeun kana do`a di jero haté anjeun:
يَاغِيَاثَ اْلمُسْتَغِيْثِيْنَ أَغِثْنَا
 “Hei Sahiji Dzat anu Maha nulungan pikeun pirang-pirang jalmi anu nyuhunkeun pitulung, mugi nulungan Gusti ka abdi sadaya.”
فإنّه يفر عنك
Saharita ( waktu eta keneh ) eta bayangan ( kalangkang ) bakal lumpat ti hareupeun anjeun.

Selasa, 26 Juni 2012

باب الذكر



قال الله تعالى : وَمَنْ أَعْرَضَ عَن ذِكْرِي فَإِنَّ لَهُ مَعِيشَةً ضَنكًا وَنَحْشُرُهُ يَوْمَ الْقِيَامَةِ أَعْمَى ﴿١٢٤﴾
Parantos ngadawuh Alloh Ta`ala :"Sing saha jalma anu malengos tina pepeling Kaula ( teugeusna hanteu daek dzikir ka Kaula ) mangka saenya-enyana pikeun eta jalma ( bakal meunang ) kahirupan anu heureut jeung bakal ngumpulkeunna kaula dina poe kiamah dina kayaan lolong ( sabab sawaktu hirupna teu acan kantos kersa kersa usaha atanapi bajoang ngamilik Nur Cahya Agung ( Nurun Ala Nurin jeung eta jalma moal meunang pituduh ti Alloh Swt )”. ( Q.S .20 : Thoha :124).
وقال تعالى أيضا : مَن يَهْدِ اللهُ فَهُوَ الْمُهْتَدِي وَمَن يُضْلِلْ فَلَن تَجِدَ لَهُ وَلِيًّا مُّرْشِدًا ﴿١٧﴾
Dawuhan-Na Swt. deui : "Sing saha jalma anu dipaparin pituduh ku Alloh , mangka eta jalma anu kengeng pituduh jeung sing saha jalma anu disasarkeun ku Alloh , mangka moal meunangkeun hiji pamingpin oge ( waliyam mursyida / pamingpin peramalan / Dzikrulloh ) anu mere pituduh ka eta jalma ( Q.S. 18 : Al-Kahfi :17 )

عَنْ اَبِى هُرَيْرَةَ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ  قَالَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلىَّ اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : مَا قَالَ عَبْدٌ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ قَطُّ مُخْلِصًا اِلاَّ فُتِحَتْ لَهُ اَبْوَابُ السَّمَآءِ حَتىَّ تُفْضِىَ اِلَى الْعَرْشِ مَااجْتَنَبَ الْكَبَائِرَ. رواه الترمذى وقال : هذا حديث حسن غريب، باب دعاء ام سلمة رضى الله عنهما، رقم : 359
katampi ti Abu Huroiroh r.a. parantos ngadawuh Abu Huroiroh r.a., Rosululloh S.A.W. parantos ngadawuh,hanteu ( pati-pati ) ngucapkeun hiji abdi kana lafazd “ Lailaha ilaaha illalloh ” wungkul, halna ikhlas, anging dibukakeun pikeun eta hiji abdi pirang-pirang panto langit sahingga eta kalimah nepika ka Arasy Ilahi, salami ninggalkeun eta hiji abdi kana pirang-pirang dosa geude.” ( HR. At Tirmidji, saurna, “ ieu Hadits hasan ghorib.” Bab Do’a Ummu Salamah r.ha., Hadits nomor 359 )

وخَرَّجَ الطبرانيُّ بهذا الإسنادِ مَرفوعًا : مَنْ لَمْ يُكْثِرْ ذِكْرَ اللَّهِ فَقَدْ بَرِئَ مِنَ الإِيمَانِ
Parantos ngaluarkeun kana hadits Imam Thobroni kalawan sanad halna marfu:”Saha- saha jalma anu hanteu nyeueurkeun ieu jalma kana nyeubat Alloh  mangka nyata leupas eta jalma tina Iman ( Tsumma naudzubillah ).
عَنْ اَبِى هُرَيْرَةَ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ  قَالَ : قُلْتُ : يَا رَسُوْلَ اللهِ مَنْ اَسْعَدُ النَّاسِ بِشَفَاعَتِكَ يَوْمَ
اْلقِيَامَةِ ؟ قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : لَقَدْ ظَنَنْتُ يَا أَبَا هُرَيْرَةَ أَنْ لَا يَسْأَلَنِي عَنْ هَذَا الْحَدِيثِ أَحَدٌ أَوْلَى مِنْكَ لِمَا رَأَيْتُ مِنْ حِرْصِكَ عَلَى الْحَدِيثِ ، أَسْعَدُ النَّاسِ بِشَفَاعَتِي يَوْمَ الْقِيَامَةِ مَنْ قَالَ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ خَالِصًا مِنْ قَلْبِهِ أَوْ نَفْسِهِ ( رَوَاهُ اْلبُخَارِيُّ )
Katampi ti Abu Huroiroh r.a. parantos ngadawuh Abu Huroiroh r.a.:”kantos ngadawuh kaula ( ka Rosululloh S.A.W.) ;” Hei…Utusan Alloh saha jalma anu pangbagjana di poe kiamah eungke kalawan sabab kengeng syafaat anjeun ? Ngadawuh Rosululloh Saw. :”Hei Abu Huroiroh , yaqin tos nyangki kaula yen hanteu hanteu aya saurang oge anu naroskeun ieu hadits ka Kaula leuwih tiheula tinimbang anjeun , sabab ningali kaula ka anjeun bangeut getol kana hadits, ari jalma anu pangbagjana engke di poe kiamah sabab meunang syafaat kaula nyaeta anu ngucapkeun “ Lailaha ilaaha illalloh ”  barina ikhlas tina hate-na atanapi jiwa-na ( parantos ngariwayatkeun kana eta hadits Imam bukhori )
عَنْ يَعْلَى بْنِ شَدَّادٍ قَالَ : حَدَّثَنِى اَبِى شَدَّادُ بْنُ أَوْسٍ وَعُبَادَةُ بْنُ الصَّامِتِ حَضَرَ يُصَدِّقُهُ قَالَ : كُنَّا عِنْدَ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَقَالَ : هَلْ فِيْكُمْ غَرِيْبٌ يَعْنِىْ مِنْ اَهْلِ الْكِتَابِ ؟ قُلْنَا : لاَ يَارَسُوْلَ اللهِ  فَاَمَرَ بِغَلْقِ الْأَبْوَابِ وَقَالَ : اِرْفَعُوْآ اَيْدِيَكُمْ وَقُوْلُوْا : لآ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ ، فَرَفَعْنَا اَيْدِيَنَا سَاعَةً ثُمَّ قَالَ : اَلْحَمْدُلِلهِ ، اَللهم  اِنَّكَ بَعَثْتَنِى بِهَذِهِ الْكَلِمَةِ وَاَمَرْتَنِى بِهَا وَوَعَدْتَنِى عَلَيْهَا الْجَنَّةَ وَاِنَّكَ لاَ تُخْلِفُ الْمِيْعَادَ ، ثُمَّ قَالَ : اَلاَ اَبْشِرُوْا فَاِنَّ اللهَ قَدْ غَفَرَ لَكُمْ . رواه احمد والطبرانى والبزار ورجاله موثقون: مجمع الزوائد 1/ 164
Katampi ti Ya’la bin Syaddad r.a. parantos nyarios Ya`la :” parantos cumarios kana kaula ( saha ) bapa kaula Syaddad bin Uwais , jeung nalika eta  U`badah bin Shomit r.anhuma. hadir ngaeunyakeun cariosan ramana. Parantos ngadawuh ramana ( tegesna Syaddad bin Uwais ) , “ Kantos aya kaula sadaya di sagedengeun Rosululloh S.A.W. lajeung Manteunna Saw. Tumaros, ‘Naha diantara aranjeun aya jalma aheng ?’ ( maksad Mantenna Saw. eta ahli kitab ). Mangka ngawaleur kaula sadaya, ‘ Teu aya…Hei Utusan Alloh Saw.Lajeung Manteunna Saw. Miwarang kaula sadaya pikeun nutup eta panto barina ngadawuh, ‘Kudu ngangkat araranjeun kana panangan araranjeun jeung kudu ngucapkeun araranjeun kana :” Laa ilaaha illalloh.’ Mangka kaula sadaya ngangkat panangan kaula sadaya bababaraha waktu ( bari ngucap eta kalimah Thoyyibah ). Salajeungna Rosululloh S.A.W. ngadoa :”Alhamdulillah ( ari sadaya pujian eta tetep kagungan Alloh ). Nun Gusti Saestuna Gusti parantos ngutus kaula kalawan ieu kalimah sareung parantos marentahkeun ka kaula ( pikeun ngadakwahkeun ) -Na, sareung Gusti parantos ngajangjikeun ka kaula kana surga pikeun singsaha bae jalma anu ngucapkeun-Na, sareung saestuna Gusti teu acan kantos ingkar jangji.” Lajeung Manteunna ngadawuh ( ka para sohabat), ‘Kudu Garumbira araranjeun karana saestuna Alloh parantos ngahampura araranjeun.” ( HR. Imam Ahmad, Thabrani, Al Bazzar, sareung para perowi-Na bias dipercaya -Majma’uz Zawa-id jilid kahiji kaca 164 )
قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلىَّ اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ لِسَيِّدِنَا عَلِىِّ كَرَمَ اللهُ وَجْمَهُ : يَاعَلِىُّ أَغْمَضْ عَيْنَيْكَ وَأَلْصَقْ شَفَتَيْكَ وَأَعْلِ لِسَانَكَ وَقُلْ : أَللهُ أَللهُ
( رَوَاهُ الطَّبْرَنِىُّ وَاْلبَيْهَقِىُّ )
Parantos ngadawuh Rosululloh Saw.ka sayyidina A`li Kwh. :”Hei A`li kudu meureumkeun anjeun kana dua panon anjeun jeung kudu ngarapeutkeun anjeun kana dua biwir anjeun jeung kudu naekkeun anjeun kana letah anjeun jeung kudu ngucapkeun anjeun kana lafadz… Alloh…Alloh…
( Parantos ngariwayatkeun kana hadits Imam Thobroni sareung Imam Baihaqi )
عَنْ عَلِيٍّ كَرَّمَ اللهُ وَجْهَهُ قُلْتُ يَا رَسُوْلَ اللهِ اَيُّ الطَّرِيْقَةُ اَقْرَبُ اِلَى اللهِ وَاَسْهَلِهَا عَلَى عِبَادِاللهِ وَاَفْضَلُهَا عِنْدَ اللهِ تَعَالَى فَقَالَ يَا عَلِيُّ عَلَيْكَ بِدَوَامِ ذِكْرِالله ِ فَقَالَ يَا عَـلِىُّ كُلُّ االنَّاسِ يَذْكُرُوْنَ اللهَ فَقَالَ صَـلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمْ ياَعَلـيّ لَاتَقُوْمُ السَّاعَةُ حَتَّى لَا يَبْقَى عَلَى وَجْهِ الأَرْضِ مَنْ يَقُوْلُ اَللهُ اَللهُ فَقَالَ عَلِيُّ كَيْفَ اَذْكُرُ يَا رَسُوْلَ اللهِ فَقَالَ صَـلَّى اللهُ عَلَيْهِ غَمِّضْ عَيْنَيْكَ وَاسْمَعْ مِنِّى ثَلاَثَ مَرَّاتٍ ثُـمَّ قُلْ مِثْلَهَا وَاَنَا أَسْمَعُ فَقَالَ صَـلَّى اللهُ عَلَيْهِ لَا اِلَهَ اِلَّا اللهُ ثَلاَثَ مَرّاتٍ مُغَمِّضاً عَيْنَيْهِ ثُمَّ قَالَهَا عَلِيُّ كَذَالِكَ
( رَوَاهُ الطَّبْرَنِىُّ وَاْلبَيْهَقِىُّ )
Katampi hadits ti A`li Kwh. Kantos ngadawuh kaula ( ka Rosululloh Saw. ) :”Hei Utusan Alloh Saw. Mana ari jalan ( Thoriqoh ) anu sacakeut – cakeutna ka Alloh Ta`ala sareung sagampil- gampilna pikeun pirang-pirang abdina Alloh sareung samulya-mulyana di sagedengeun Alloh Swt. ? mangka ngadawuh Rosululloh Saw. :”Hei…A`li ( penting ) pikeun anjeun kalawan salawasna dzikir ka Alloh , mangka ngadawuh sayyidina A`li :”Ari sakur-sakur jalma eta pada dzkir ka Alloh , lajeung ngadawuh Rosululloh Saw. :”Moal ngadeug Qiamah sahingga hanteu aya deui anu cicing diluhur ieu bumi hiji jalma anu ngucap ieu jalma kana lafadz…Alloh…Alloh… teuras ngadawuh sayyidina A`li :” kumaha ari carana dzikir kaula …Hei…Utusan Alloh saw. ? mangka ngadawuh Rosululloh Saw. :”Kudu meureumkeun anjeun kana dua panon anjeun jeung kudu ngarungukeun anjeun ka kaula kalawan 3 pirang-pirang balikan teuras kudu ngucapkeun anjeun kana eta contona jeung ari Kaula eta rek ngarungukeun, teuras ngadawuh Rosululloh Saw. Kana lafazh “ La ilaaha illalloh “ kalawan 3 pirang-pirang balikan barina peureum dua socana Saw. Tuluy ngucapkeun sayyidina A`li kana lafazh “ La ilaaha illalloh saperti eta conto”.

( Parantos ngariwayatkeun kana hadits Imam Thobroni sareung Imam Baihaqi )
قال الشيخ أحمد بن عبد الرحمن الشهير بالرطبي رحمه الله تعالى فى كتابه " منحة الأصحاب لمن أراد سلوك طريق الأصفياء والأحباب " ص. ٨٧
Parantos ngadawuh Syekh Ahmad bin Abdurrahman anu Masyhur kalawan sebatan Ar-Ruthby rhm. Dina kitab-na Minhatul Ashhab liman Aroda suluka Thoriqotil Ashfiya wal Ahbab kaca 87 :
أخرج أبو نعيم في حلية الأولياء وطبقات الأصفياء ، عن الفضيل بن عياض : كان أصحاب رسول الله صَلْعَمَ  إذا ذكر الله تعالى
Parantos nyarioskeun Abu Na`im tina kitabna Hilyatul Auliya Wathobaqootul Ashfiyaa, katampi ti Fudhoil bin I`yadh : Bukti para sobat Nabi Saw. tetkala nugucapkeun Dzikir ka Alloh Swt.
 تَمَايَلُوْا يَمِيْناً وَ شَمَالاً كَمَا يَتَمَايَلُ الشَّجر في الريح العاصف إلى قدّام ثم يرجع إلى الوراء .
Tos condong para shohabat ka beulah katuhu ( mastaka-Na ) sareung ka beulah kenca ( mastaka-Na )   sakumaha dengdekna hiji tangkal ku anging topan, nepika hareupeun terus balik deui ka tukang .
 عِنْدَ التَّلفظ بِالذِّكْرِ يَمِيْل بِرَأْسِهِ إِلَى الْجِهَةِ اْليُمْنَى بِلآ ، ويرجع بِإِلَهَ إلى جهة صدره ، وَبِإِلَّا اللهُ إِلَى جِهَةِ اْلقَلْبِ ، وهي اليسار ،
Nalika ngucapkeun Dzikir ngadengdekkeun kana mastaka-na ka tujul katuhu kalawan ngucap  Laa, Jeung balik deui kalawan ngucap  ilaha  nepikana tujul dadana, Jeung kalawan ngucap  illalloh  nepika tujul hate nyatana anu belah kenca.
وينعتها مِنْ سُرَّتِهِ إِلَى قَلْبِهِ حَتَّى تنزل بِالْجَلَالَةِ عَلَى اْلقَلْبِ لتحرق سائر الخواطر الرديئة ،
Jeung misti narik ( ngabeudol ) tina puseur-na nepi kana hate-na, supados jenengan Alloh anu Maha Agung linggih dijero hate, pikeun ngaduruk sakabeh pirang-pirang hasil pamikiran anu licik
ويحقق الهمزة ويمد الألف مداً طبيعياً أو أكثر ،
Anjeunna samistina oge mere teukeunan kana Hamzah jeung manjangkeun Alif halna ceukapan atawa saeutik leuwih panjang
ويفتح الهاء من إله ويسكن الهاء من الله
Ha dina kecap Ilaha samistina dituturkeun kalawan Fathah, jeung Ha dina lafazh Alloh kalawan sukun
قَالَ الشَّيْخُ عَبْدُ اْلقَادِرِ الْجَيْلَانِىُّ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ فى كتابه سرّ الأسرار :" إِذَا أَرَدْتَ الذِّكْرَ فَمِلْ بِرَأْسِكَ إِلَى الْجِهَةِ اْليُمْنَى بِلآ إِلَهَ ، وَرَجِّعْ رَأْسَكَ بِإِلَّا اللهُ إِلَى جِهَةِ اْلقَلْبِ الْمُتَبَارَكِ وَهِيَ تَحْتَ الثَّدْىِ اْلأَيْسَرِ بِقَدْرِ أُصْبُعَيْنِ
Parantos ngadawuh Syekh Abdul qadir Jailani ra. Dina kitabna Sirrul Asror :”Tetkala kareup anjeun kana ngucapkeun dzikir mangka kudu ngadoyongkeun anjeun kana sirah anjeun ka tujul katuhu barina ngucap Laa ilaaha ,  jeung kudu malikeun deui anjeun kana sirah anjeun kalawan ngucap ilaalloh ka tujul hate anu dibarokahan, jeung ari hate anu di barokahkeun eta dihandapeun susu anu beulah kenca kalawan kira-kira dua ramo.


قال الشيخ ابن عربي رحمه الله تعالى في كتابه تنبيه الطلاب : الذكر ينقسم إلى قسمين: حقيقي وغير حقيقي.
Parantos ngadawuh Syekh Muhyiddin Ibnu A`roby rhm. Dina kitabna Tambihuth-Thulab : “ ari dzikir eta narima kabagi kana dua bagean  :
1.dzikir Haqiqi
2.dzikir Ghoir Haqiqi
أما الذكر الحقيقي فهو شهود الحق سبحانه وتعالى بعين القلب في هذه الدار
Anapon ari Dzikir Haqiqi nyaeta  nyaksi kanu Maha Haq ( anu maha suci Alloh Swt  sareung anu maha Luhur Alloh Swt. ) kalawan mata hate di ieu dunya.
 وأما غير الحقيقي فينقسم إلى قسمين: ذكر جلي وذكر خفي
Anapon ari Dzikir Ghoer Haqiqi eta narima kabagi kana dua bagean  :
1. Dzikir Jaly ( jelas )
2. Dzikir Khofi ( samar )
أما الذكر الجلي فهو الذي يتلفظ بـ"لا إله إلا الله في اللسان
Anapon ari Dzikir Jaly ( jelas ) nyaeta anu ngucapkeun kana lafadz : Laa ilaha illallooh kalawan lisan
وأما الذكر الخفي فهو الذي يحفظ معناه في القلب الذي هو محل مشاهدته تعالى؛ لأن القلب يطلق على معنيين أحدهما اللحم الصنوبري الشكل المودع في الجنب الأيسر من الصدر
Anapon ari Dzikir Khofi ( samar ) nyaeta anu miara ma`nana  anu samar dijero hate, anu ari eta hate teh tempat Musyahadah ka Alloh Ta`ala  ,karana saenya-enyana hate  digunakeun kana dua ma`na ari kahijina tina eta dua ma`na nyaeta daging anu kerucut bentukna anu disimpeun di sisi anu belah kenca tina dada

وثانيهما أنه لطيف رباني روحاني متعلق بذلك القلب، فهو المسمى بحقيقة الانسان، وهو الروح الإنساني وهو محل لمشاهدته تعالى
ari kaduana tina eta dua ma`na nyaeta saenya-enyana ari hate eta Lathifah Robany Ruhany anu berhubungan reujeung itu hate mangka ari itu Lathifah Robany Ruhany  eta dingaranan kalawan Sajatina manusa ( Haqeqatna manusa ) jeung ari eta Lathifah Robany Ruhany  eta roh bangsa manusa jeung ari Lathifah Robany Ruhany eta hiji tempat pikeun Musyahadah ka Alloh Swt.
فالقلب لما كمل استعداده وقوي نوره بدوام الذكر المستعلي للمراقبة المستعدة للمشاهدة، صار مرآة للتجلي الإلهي، وهو الجمع بين البحرين وملتقى للعالمين، إنتهى
Mangka tetkala hate  geus pinuh ( sampurna )  persiapanna sareung kakiatan cahaya hate kalawan dawam dzikir anu naek luhur pikeun muroqobah, anu disiapkeun pikeun Musyahadah  , anu jadi eunteung tajalli Kapangeranan,  jeung ari eta Tajjaliyul Ilahiyyah nyaeta kumpulan diantara dua lautan ( hate ) jeung tempat pertemuan  kanu ngurus sadaya Alam .
tutug  Qoul Ibnu Aroby