Minggu, 08 Juli 2012

MUJAHADAH



 ياحبيبى اطبق جفنيك وانظرماذا ترى فان قلت لاأرى شيئا فهو خطا منك بل تبصر ولكن ظلام الوجود لفرط قربه من بصيرتك لاتجده فان احببت أن تجده وتبصره قدامك مع انك مطبق جفنيك فانقص من وجودك شيئا أو ابعد من وجودك شيئا وطريق تنقيصه والابعاد منه قليلا المجاهدة ومعنى المجاهدة بذل الجهد فى دفع الاغيار أو قتل الاغيار والاغيار الوجود والنفس والشيطان وبذل الجهد مضبوط بطرق

Sobat kaula anu dipikacinta ,kudu nutup anjeun kana dua panon anjeun sarta kudu ninggal anjeun kana naon anu katembong ku anjeun , mangka lamun nyarios anjeun : kaula hanteu ninggal perkara naon - naon , anjeun kaliru , samalah sabenerna anjeun ninggal.
namung popoek ieu wujud mecenghul disababkeun cakeutna rejeung dua panon, sahingga  anjeun henteu manggihan nanaon. Lamun anjeun hayang manggihan jeung ningalina dina tujul hareup, samentara anjeun nutupan kadua panon anjeun, mangka anjeun bakal ngurangan wujud anjeun dina perkara atawa anjeun menjauhkeun perkara tina wujud anjeun.
Jalan ngurangan jeung ngajauhkeun tina éta perkara sakeudik demi sakeudik, mangrupikeun usaha “mujahadah”. Harti mujahadah éta sorangan nyaéta mencurahkan( ngaluarkeun sakabeh ) kasarieusan dina ngalawan atawa maéhan sakabeh oloan. oloan anu sumberna tina wujud, napsu, jeung setan.
Pancurahan pajoangan éta ogé ngaliwatan sagala rupa cara:
الاوّل : تقليل الغذاء بالتدريج فان مدد الوجود والنفس والشيطان من الغذاء ، فإذاقل الغذاء قل ساطانه
Kahiji, sakeudik demi sakeudik ngirangan tuang. Sabab tuang mangrupa leungeun panjang tina wujud, napsu jeung setan. Lamun dahar ngurangan, ngurangan ogé pangawasaanana.
والثاني : ترك الاختيار وافنائه فى اختيار شيخ مامون ليختار له ما يصلحه فإنه مثل الطفل والصبي الذى لم يبلغ مبلغ الرجال أو السفيه المبذر وكل هؤلاء لابدلهم من وصي أو ولي أو قاض أو سلطان يتولى أمرهم
Kadua, ninggalkeun jeung ngancurkeun ikhtiar kalayan masrahkeun kana ikhtiar syekh ( guru rohani/Mursyid/Muqoddam ) anu kapiara, asy-syekh pangmilihkeun anu pangalusna pikeun anjeun.
Posisi anjeun di dieu saperti hiji orok atawa budak anu tacan balegh, atawa saperti hiji jalma anu bodo, anu  sakabéhna ngabutuhkeun kolot, wali, hakim, atawa pamingpin anu ngabingbing ( eta orok, budak atawa jalma bodo tea ).
والثالث : من الطرق طريقة الجنيد قدّس الله روحه وهو ثمان شرائط :
Katilu, nuturkeun cara thariqoh ( jalan ) imam junaid ra. – muga Alloh nyucikeun rohna imam junaidi ra.anu diwangun tina dalapan sarat:
دوام الوضوء ودوام الصوم ودوام السكوت ودوام الخلوة ودوامالذكر وهو قول لاإله إلا الله ودوام ربط القلب بالشيخ واستفادة علمالواقعات منه بفناء تصرفه فى تصرف الشيخ ودوام نفي الخواطرودوام نركالاعتراض على الله تعالى فى كلما يرد منه عليه ضرا كان أو نفعا وتركالسؤال عنه من جنة أو تعود من نار

1. ngalanggengkeun wudhu.
2. ngalanggengkeun puasa.
3. ngalanggengkeun cicing
/ jempe.
4. ngalanggengkeun kh
olwat.
5. ngalanggengkeun dzikir, nyaéta ucapan “laa illaha illallah”.
6. ngalanggengkeun hubungan batin reujeung syekh, di sagigireun nyokot mangfaat elmu
anu
karandapan ( lumangsung ) ti syekh kalayan kefanaan salik dijero usaha syekh.
7. ninggalkeun sagala bisikan
( harewosan ) kasalempang.
8. ninggalkeun dangong ( sikeup ) nentang Alloh SWT. naha dina kaayaan
ngabahayakeun atawa dina kaayaan anu méré mangpaat, di sagigireun ninggalkeun
paménta surga ka-Manteunna ( Alloh Swt. ) jeung panangtayungan ( panyalindungan ) ti
na naraka.
والفرق بين الوجود والنفس والشيطان فى مقام المشاهدة أن الوجود شديد الظلمة فى الاول فإذا صفا قليلا تشكل قدامك بشكل الغيم الأسود فإذا كان عرش الشيطان كان احمر فاذا صلح وفني الحظوظ منه وبقي الحقوق صفا وابيض مثل المزن والنفس اذا بدت فلونها لون السماء وهي الزرقة ولها نبعان كنبعان الماء من أصل الينبوع فإذا كانت عرش الشيطان فكانها عين من ظلمة ونار ويكون نباعها اقلفان الشيطان لاخير فيه وفيضان النفس على الوجود وتربيته منها فان صفت وزكت افاضت عليه الخير ونبت منه فان افاضت عليه الشر فكذلك ينبت منه الشر والشيطان نار غير صافية ممتزجة بظلمات الكفر في هيئة عظيمة وقد يتشكل قدامك كانه زنجي طويل ذو هيبة يسعى كانه يطلب الدخول فيك فإذا طلبت منه الانفكاك فقل فى قلبك
Perbenteunan antara wujud, napsu, jeung setan nyaéta maqam musyahadah, antara sanes : yén wujud éta dina mimitina pohara poek. Lamun jadi herang sakeudik demi sakeudik sahingga kabentuk awan hideung di hareupeun anjeun, mangka tatkala éta singgasana setan ngabogaan warna beureum. Lamun pirang-pirang bagean ti setan musna jeung anu masih keneh aya nyaéta pirang-pirang hak,
mangka kelir ( warna ) éta jadi hérang jeung bodas kawas halimun ( kabut ) . Sedengkeun eta napsu lamun tembong ( kasampak ), mangka warnana nyaéta kelir ( warna )  wiati ( langit ) , nyaéta warna  bulao, anu ngabogaan sababaraha asal sapertos asal cai anu kaluar tina asal pusat cai ( cinyusu anu kaluar tina asal cinyusu ).
Singgasana setan anu mecenghul sapertos perwujudan tina popoek jeung seuneu. Perwujudan ieu asalna ( sumberna ) leuwih saeutik, sabab setan henteu panteus aya di jerona.
Sedengkeun luapan napsu jeung pangolahan wujud éta ogé tina napsu. Mangka lamun napsu geus bersih sarta jernih, eta napsu bakal ngocorkeun kahadean kana wujud jeung pirang-pirang anu tumuwuh tina eta kahadean. Sabalikna lamun dikocoran kajahatan bakal tumuwuh ogé kajahatan tina eta napsu.
Setan mangrupakeun seuneu anu teu acan kantos bersih, sabab pacampur ( galo ) kalawan pirang-pirang popoek kufur dina bentukna anu kitu badagna.
Gambaran eta ngabentuk di hareupeun anjeun sapertos dedegan hideung anu panjang jeung pikasieuneun, leumpang saolah-olah ngasupan diri anjeun. Lamun diri anjeun hayang ngaleupaskeunna, mangka kudu nucapkeun anjeun kana do`a di jero haté anjeun:
يَاغِيَاثَ اْلمُسْتَغِيْثِيْنَ أَغِثْنَا
 “Hei Sahiji Dzat anu Maha nulungan pikeun pirang-pirang jalmi anu nyuhunkeun pitulung, mugi nulungan Gusti ka abdi sadaya.”
فإنّه يفر عنك
Saharita ( waktu eta keneh ) eta bayangan ( kalangkang ) bakal lumpat ti hareupeun anjeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar