قال الله تعالى
: وَمَنْ
أَعْرَضَ عَن ذِكْرِي فَإِنَّ لَهُ مَعِيشَةً ضَنكًا وَنَحْشُرُهُ يَوْمَ
الْقِيَامَةِ أَعْمَى ﴿١٢٤﴾
Parantos
ngadawuh Alloh Ta`ala :"Sing saha jalma anu malengos tina pepeling Kaula (
teugeusna hanteu daek dzikir ka Kaula ) mangka saenya-enyana pikeun eta jalma (
bakal meunang ) kahirupan anu heureut jeung bakal ngumpulkeunna kaula dina poe
kiamah dina kayaan lolong ( sabab sawaktu hirupna teu acan kantos kersa kersa
usaha atanapi bajoang ngamilik Nur Cahya Agung ( Nurun Ala Nurin jeung eta
jalma moal meunang pituduh ti Alloh Swt )”. ( Q.S .20 : Thoha :124).
وقال تعالى أيضا
: مَن
يَهْدِ اللهُ فَهُوَ الْمُهْتَدِي وَمَن يُضْلِلْ فَلَن تَجِدَ لَهُ وَلِيًّا
مُّرْشِدًا ﴿١٧﴾
Dawuhan-Na
Swt. deui : "Sing saha jalma anu dipaparin pituduh ku Alloh , mangka eta
jalma anu kengeng pituduh jeung sing saha jalma anu disasarkeun ku Alloh ,
mangka moal meunangkeun hiji pamingpin oge ( waliyam mursyida / pamingpin
peramalan / Dzikrulloh ) anu mere pituduh ka eta jalma ( Q.S. 18 : Al-Kahfi :17 )
عَنْ
اَبِى هُرَيْرَةَ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ قَالَ : قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلىَّ اللهُ
عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : مَا قَالَ عَبْدٌ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ قَطُّ مُخْلِصًا
اِلاَّ فُتِحَتْ لَهُ اَبْوَابُ السَّمَآءِ حَتىَّ تُفْضِىَ اِلَى الْعَرْشِ
مَااجْتَنَبَ الْكَبَائِرَ. رواه الترمذى وقال : هذا حديث حسن غريب، باب دعاء ام
سلمة رضى الله عنهما، رقم : 359
katampi ti Abu Huroiroh r.a.
parantos ngadawuh Abu Huroiroh r.a., Rosululloh
S.A.W. parantos ngadawuh, “hanteu ( pati-pati ) ngucapkeun hiji abdi kana lafazd
“ Lailaha ilaaha illalloh ” wungkul, halna ikhlas, anging dibukakeun pikeun
eta hiji abdi pirang-pirang panto langit sahingga eta kalimah nepika ka Arasy
Ilahi, salami ninggalkeun eta hiji abdi kana pirang-pirang dosa geude.” ( HR. At
Tirmidji, saurna, “ ieu Hadits hasan ghorib.” Bab Do’a Ummu Salamah r.ha., Hadits nomor 359 )
وخَرَّجَ
الطبرانيُّ بهذا الإسنادِ مَرفوعًا : مَنْ لَمْ يُكْثِرْ ذِكْرَ اللَّهِ فَقَدْ
بَرِئَ مِنَ الإِيمَانِ
Parantos ngaluarkeun kana
hadits Imam Thobroni kalawan sanad halna marfu:”Saha- saha jalma anu hanteu
nyeueurkeun ieu jalma kana nyeubat Alloh
mangka nyata leupas eta jalma tina Iman ( Tsumma naudzubillah ).
عَنْ
اَبِى هُرَيْرَةَ رَضِىَ اللهُ عَنْهُ قَالَ : قُلْتُ : يَا رَسُوْلَ اللهِ مَنْ اَسْعَدُ
النَّاسِ بِشَفَاعَتِكَ يَوْمَ
اْلقِيَامَةِ ؟ قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : لَقَدْ ظَنَنْتُ يَا أَبَا هُرَيْرَةَ أَنْ لَا يَسْأَلَنِي عَنْ هَذَا الْحَدِيثِ أَحَدٌ أَوْلَى مِنْكَ لِمَا رَأَيْتُ مِنْ حِرْصِكَ عَلَى الْحَدِيثِ ، أَسْعَدُ النَّاسِ بِشَفَاعَتِي يَوْمَ الْقِيَامَةِ مَنْ قَالَ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ خَالِصًا مِنْ قَلْبِهِ أَوْ نَفْسِهِ ( رَوَاهُ اْلبُخَارِيُّ )
اْلقِيَامَةِ ؟ قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : لَقَدْ ظَنَنْتُ يَا أَبَا هُرَيْرَةَ أَنْ لَا يَسْأَلَنِي عَنْ هَذَا الْحَدِيثِ أَحَدٌ أَوْلَى مِنْكَ لِمَا رَأَيْتُ مِنْ حِرْصِكَ عَلَى الْحَدِيثِ ، أَسْعَدُ النَّاسِ بِشَفَاعَتِي يَوْمَ الْقِيَامَةِ مَنْ قَالَ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ خَالِصًا مِنْ قَلْبِهِ أَوْ نَفْسِهِ ( رَوَاهُ اْلبُخَارِيُّ )
Katampi ti Abu Huroiroh r.a.
parantos ngadawuh Abu Huroiroh r.a.:”kantos ngadawuh
kaula ( ka
Rosululloh
S.A.W.) ;” Hei…Utusan Alloh saha
jalma anu pangbagjana di poe kiamah eungke kalawan
sabab kengeng syafaat anjeun ? Ngadawuh Rosululloh Saw. :”Hei Abu Huroiroh ,
yaqin tos nyangki kaula yen hanteu hanteu aya saurang oge anu naroskeun ieu
hadits ka Kaula leuwih tiheula tinimbang anjeun , sabab ningali kaula ka anjeun
bangeut getol kana hadits, ari jalma anu pangbagjana engke di poe kiamah sabab
meunang syafaat kaula nyaeta anu ngucapkeun “ Lailaha ilaaha illalloh ” barina ikhlas tina hate-na atanapi jiwa-na (
parantos ngariwayatkeun kana eta hadits Imam bukhori )
عَنْ
يَعْلَى بْنِ شَدَّادٍ قَالَ : حَدَّثَنِى اَبِى شَدَّادُ بْنُ أَوْسٍ وَعُبَادَةُ
بْنُ الصَّامِتِ حَضَرَ يُصَدِّقُهُ قَالَ : كُنَّا عِنْدَ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى
اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَقَالَ : هَلْ فِيْكُمْ غَرِيْبٌ يَعْنِىْ مِنْ اَهْلِ
الْكِتَابِ ؟ قُلْنَا : لاَ يَارَسُوْلَ اللهِ
فَاَمَرَ بِغَلْقِ الْأَبْوَابِ وَقَالَ : اِرْفَعُوْآ اَيْدِيَكُمْ
وَقُوْلُوْا : لآ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ ، فَرَفَعْنَا اَيْدِيَنَا سَاعَةً ثُمَّ
قَالَ : اَلْحَمْدُلِلهِ ، اَللهم اِنَّكَ
بَعَثْتَنِى بِهَذِهِ الْكَلِمَةِ وَاَمَرْتَنِى بِهَا وَوَعَدْتَنِى عَلَيْهَا
الْجَنَّةَ وَاِنَّكَ لاَ تُخْلِفُ الْمِيْعَادَ ، ثُمَّ قَالَ : اَلاَ
اَبْشِرُوْا فَاِنَّ اللهَ قَدْ غَفَرَ لَكُمْ . رواه احمد والطبرانى والبزار
ورجاله موثقون: مجمع الزوائد 1/ 164
Katampi ti Ya’la bin Syaddad
r.a. parantos nyarios Ya`la :” parantos cumarios kana kaula ( saha ) bapa kaula
Syaddad bin Uwais , jeung nalika eta U`badah
bin Shomit r.anhuma. hadir ngaeunyakeun cariosan ramana. Parantos ngadawuh ramana
( tegesna Syaddad bin Uwais ) , “ Kantos aya kaula sadaya di sagedengeun Rosululloh
S.A.W. lajeung Manteunna Saw. Tumaros, ‘Naha diantara aranjeun aya jalma aheng ?’ ( maksad Mantenna Saw. eta ahli
kitab ). Mangka ngawaleur kaula sadaya, ‘ Teu aya…Hei Utusan Alloh Saw.’ Lajeung
Manteunna Saw. Miwarang kaula sadaya pikeun nutup eta panto barina ngadawuh, ‘Kudu ngangkat araranjeun kana panangan araranjeun
jeung kudu ngucapkeun araranjeun kana :” Laa ilaaha illalloh.’ Mangka
kaula sadaya ngangkat panangan kaula sadaya bababaraha waktu ( bari ngucap eta
kalimah Thoyyibah ). Salajeungna Rosululloh S.A.W. ngadoa :”Alhamdulillah ( ari
sadaya pujian eta tetep kagungan Alloh ). Nun Gusti Saestuna Gusti parantos
ngutus kaula kalawan ieu kalimah sareung parantos marentahkeun ka kaula (
pikeun ngadakwahkeun ) -Na, sareung Gusti parantos ngajangjikeun ka kaula kana
surga pikeun singsaha bae jalma anu ngucapkeun-Na, sareung saestuna Gusti teu
acan kantos ingkar jangji.” Lajeung
Manteunna ngadawuh ( ka
para sohabat),
‘Kudu Garumbira araranjeun karana saestuna Alloh parantos
ngahampura araranjeun.” ( HR. Imam Ahmad, Thabrani, Al Bazzar, sareung para perowi-Na bias dipercaya -Majma’uz Zawa-id jilid
kahiji kaca 164 )
قَالَ
رَسُوْلُ اللهِ صَلىَّ اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ لِسَيِّدِنَا عَلِىِّ كَرَمَ اللهُ
وَجْمَهُ : يَاعَلِىُّ أَغْمَضْ عَيْنَيْكَ وَأَلْصَقْ شَفَتَيْكَ وَأَعْلِ لِسَانَكَ
وَقُلْ : أَللهُ أَللهُ
( رَوَاهُ
الطَّبْرَنِىُّ وَاْلبَيْهَقِىُّ )
Parantos
ngadawuh Rosululloh Saw.ka sayyidina A`li Kwh. :”Hei A`li kudu meureumkeun
anjeun kana dua panon anjeun jeung kudu ngarapeutkeun anjeun kana dua biwir
anjeun jeung kudu naekkeun anjeun kana letah anjeun jeung kudu ngucapkeun
anjeun kana lafadz… Alloh…Alloh…
( Parantos ngariwayatkeun kana hadits Imam Thobroni
sareung Imam Baihaqi )
عَنْ
عَلِيٍّ كَرَّمَ اللهُ وَجْهَهُ قُلْتُ يَا رَسُوْلَ اللهِ اَيُّ الطَّرِيْقَةُ اَقْرَبُ
اِلَى اللهِ وَاَسْهَلِهَا عَلَى عِبَادِاللهِ وَاَفْضَلُهَا عِنْدَ اللهِ
تَعَالَى فَقَالَ يَا عَلِيُّ عَلَيْكَ بِدَوَامِ ذِكْرِالله ِ فَقَالَ يَا
عَـلِىُّ كُلُّ االنَّاسِ يَذْكُرُوْنَ اللهَ فَقَالَ صَـلَّى
اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمْ ياَعَلـيّ لَاتَقُوْمُ السَّاعَةُ حَتَّى
لَا يَبْقَى عَلَى وَجْهِ الأَرْضِ مَنْ يَقُوْلُ
اَللهُ اَللهُ فَقَالَ عَلِيُّ كَيْفَ اَذْكُرُ يَا رَسُوْلَ اللهِ فَقَالَ صَـلَّى اللهُ
عَلَيْهِ غَمِّضْ عَيْنَيْكَ وَاسْمَعْ مِنِّى ثَلاَثَ مَرَّاتٍ ثُـمَّ قُلْ مِثْلَهَا
وَاَنَا أَسْمَعُ فَقَالَ
صَـلَّى اللهُ عَلَيْهِ لَا اِلَهَ اِلَّا اللهُ ثَلاَثَ مَرّاتٍ
مُغَمِّضاً عَيْنَيْهِ ثُمَّ قَالَهَا عَلِيُّ كَذَالِكَ
( رَوَاهُ الطَّبْرَنِىُّ
وَاْلبَيْهَقِىُّ )
Katampi hadits ti A`li Kwh. Kantos ngadawuh kaula ( ka Rosululloh Saw. )
:”Hei Utusan Alloh Saw. Mana ari jalan ( Thoriqoh ) anu sacakeut – cakeutna ka
Alloh Ta`ala sareung sagampil- gampilna pikeun pirang-pirang abdina Alloh
sareung samulya-mulyana di sagedengeun Alloh Swt. ? mangka ngadawuh Rosululloh
Saw. :”Hei…A`li ( penting ) pikeun anjeun kalawan salawasna dzikir ka Alloh ,
mangka ngadawuh sayyidina A`li :”Ari sakur-sakur jalma eta pada dzkir ka Alloh
, lajeung ngadawuh Rosululloh Saw. :”Moal ngadeug Qiamah sahingga hanteu aya
deui anu cicing diluhur ieu bumi hiji jalma anu ngucap ieu jalma kana
lafadz…Alloh…Alloh… teuras ngadawuh sayyidina A`li :” kumaha ari carana dzikir
kaula …Hei…Utusan Alloh saw. ? mangka ngadawuh Rosululloh Saw. :”Kudu
meureumkeun anjeun kana dua panon anjeun jeung kudu ngarungukeun anjeun ka
kaula kalawan 3 pirang-pirang balikan teuras kudu ngucapkeun anjeun kana eta
contona jeung ari Kaula eta rek ngarungukeun, teuras ngadawuh Rosululloh Saw.
Kana lafazh “ La ilaaha illalloh “ kalawan 3 pirang-pirang balikan barina
peureum dua socana Saw. Tuluy ngucapkeun sayyidina A`li kana lafazh “ La ilaaha
illalloh saperti eta conto”.
( Parantos ngariwayatkeun
kana hadits Imam Thobroni sareung Imam Baihaqi )
قال الشيخ أحمد بن عبد الرحمن الشهير بالرطبي رحمه الله تعالى فى كتابه "
منحة الأصحاب لمن أراد سلوك طريق الأصفياء والأحباب " ص. ٨٧
Parantos ngadawuh Syekh Ahmad bin Abdurrahman anu
Masyhur kalawan sebatan Ar-Ruthby rhm. Dina kitab-na Minhatul Ashhab liman
Aroda suluka Thoriqotil Ashfiya wal Ahbab kaca 87 :
أخرج
أبو نعيم في حلية الأولياء وطبقات الأصفياء ، عن الفضيل
بن عياض : كان أصحاب رسول الله صَلْعَمَ إذا
ذكر الله تعالى
Parantos nyarioskeun Abu Na`im tina kitabna Hilyatul Auliya
Wathobaqootul Ashfiyaa, katampi ti Fudhoil bin I`yadh : Bukti para sobat Nabi Saw. tetkala nugucapkeun Dzikir ka Alloh Swt.
تَمَايَلُوْا يَمِيْناً وَ شَمَالاً كَمَا يَتَمَايَلُ
الشَّجر في الريح العاصف إلى قدّام ثم يرجع إلى الوراء .
Tos
condong para shohabat ka beulah katuhu ( mastaka-Na ) sareung ka beulah kenca (
mastaka-Na ) sakumaha dengdekna hiji
tangkal ku anging topan, nepika hareupeun terus balik deui ka tukang .
عِنْدَ التَّلفظ بِالذِّكْرِ يَمِيْل بِرَأْسِهِ
إِلَى الْجِهَةِ اْليُمْنَى بِلآ ، ويرجع بِإِلَهَ إلى جهة صدره ، وَبِإِلَّا اللهُ
إِلَى جِهَةِ اْلقَلْبِ ، وهي اليسار ،
Nalika
ngucapkeun Dzikir ngadengdekkeun kana mastaka-na ka tujul katuhu kalawan
ngucap Laa,
Jeung balik deui kalawan ngucap ilaha
nepikana tujul dadana, Jeung kalawan ngucap illalloh nepika tujul hate nyatana anu belah kenca.
وينعتها مِنْ سُرَّتِهِ إِلَى قَلْبِهِ حَتَّى تنزل بِالْجَلَالَةِ
عَلَى اْلقَلْبِ لتحرق سائر الخواطر الرديئة ،
Jeung
misti narik ( ngabeudol ) tina puseur-na nepi kana hate-na, supados jenengan Alloh anu Maha Agung linggih dijero hate, pikeun ngaduruk sakabeh pirang-pirang hasil
pamikiran anu licik
ويحقق الهمزة ويمد الألف مداً طبيعياً أو أكثر ،
Anjeunna
samistina oge mere teukeunan kana Hamzah
jeung manjangkeun Alif halna ceukapan atawa saeutik leuwih panjang
ويفتح الهاء من إله ويسكن الهاء من الله
Ha dina
kecap Ilaha
samistina dituturkeun kalawan Fathah,
jeung Ha dina
lafazh Alloh kalawan sukun
قَالَ الشَّيْخُ عَبْدُ اْلقَادِرِ الْجَيْلَانِىُّ رَضِىَ
اللهُ عَنْهُ فى كتابه سرّ الأسرار :" إِذَا أَرَدْتَ الذِّكْرَ فَمِلْ بِرَأْسِكَ
إِلَى الْجِهَةِ اْليُمْنَى بِلآ إِلَهَ ، وَرَجِّعْ رَأْسَكَ بِإِلَّا اللهُ إِلَى
جِهَةِ اْلقَلْبِ الْمُتَبَارَكِ وَهِيَ تَحْتَ الثَّدْىِ اْلأَيْسَرِ بِقَدْرِ
أُصْبُعَيْنِ
Parantos
ngadawuh Syekh Abdul qadir Jailani ra. Dina kitabna Sirrul Asror :”Tetkala
kareup anjeun kana ngucapkeun dzikir mangka kudu ngadoyongkeun anjeun kana
sirah anjeun ka tujul katuhu barina ngucap Laa
ilaaha , jeung kudu malikeun
deui anjeun kana sirah anjeun kalawan ngucap ilaalloh
ka tujul hate anu dibarokahan, jeung ari hate anu di barokahkeun eta
dihandapeun susu anu beulah kenca kalawan kira-kira dua ramo.
قال
الشيخ ابن عربي رحمه الله تعالى في كتابه تنبيه الطلاب : الذكر ينقسم إلى قسمين:
حقيقي وغير حقيقي.
Parantos ngadawuh Syekh Muhyiddin Ibnu A`roby rhm. Dina kitabna
Tambihuth-Thulab : “ ari dzikir eta narima kabagi kana dua bagean :
1.dzikir Haqiqi
2.dzikir Ghoir Haqiqi
أما
الذكر الحقيقي فهو شهود الحق سبحانه وتعالى بعين القلب في هذه الدار
Anapon ari Dzikir Haqiqi nyaeta
nyaksi kanu Maha Haq ( anu maha suci Alloh Swt sareung anu maha Luhur Alloh Swt. ) kalawan mata hate di ieu dunya.
وأما غير الحقيقي فينقسم
إلى قسمين: ذكر جلي وذكر خفي
Anapon ari Dzikir Ghoer Haqiqi eta narima kabagi kana dua bagean :
1. Dzikir Jaly ( jelas )
2. Dzikir Khofi (
samar )
أما
الذكر الجلي فهو الذي يتلفظ بـ"لا إله إلا الله في اللسان
Anapon ari Dzikir Jaly ( jelas ) nyaeta anu ngucapkeun
kana lafadz : Laa ilaha illallooh kalawan lisan
وأما
الذكر الخفي فهو الذي يحفظ معناه في القلب الذي هو محل مشاهدته تعالى؛ لأن القلب
يطلق على معنيين أحدهما اللحم الصنوبري الشكل المودع في الجنب الأيسر من الصدر
Anapon ari Dzikir Khofi (
samar ) nyaeta anu miara ma`nana anu samar dijero hate, anu ari eta hate teh
tempat Musyahadah ka Alloh Ta`ala
,karana saenya-enyana hate digunakeun kana dua ma`na ari kahijina tina eta
dua ma`na nyaeta daging anu kerucut bentukna anu disimpeun di sisi anu belah kenca tina dada
وثانيهما
أنه لطيف رباني روحاني متعلق بذلك القلب، فهو المسمى بحقيقة الانسان، وهو الروح
الإنساني وهو محل لمشاهدته تعالى
ari kaduana tina eta dua ma`na nyaeta saenya-enyana
ari hate eta Lathifah Robany Ruhany anu berhubungan reujeung itu hate mangka
ari itu Lathifah Robany Ruhany eta
dingaranan kalawan Sajatina manusa ( Haqeqatna manusa ) jeung ari eta Lathifah
Robany Ruhany eta roh bangsa manusa
jeung ari Lathifah Robany Ruhany eta hiji tempat pikeun Musyahadah ka Alloh Swt.
فالقلب
لما كمل استعداده وقوي نوره بدوام الذكر المستعلي للمراقبة المستعدة للمشاهدة، صار
مرآة للتجلي الإلهي، وهو الجمع بين البحرين وملتقى للعالمين، إنتهى
Mangka
tetkala hate geus pinuh ( sampurna
) persiapanna sareung kakiatan cahaya
hate kalawan dawam dzikir anu naek luhur pikeun muroqobah, anu disiapkeun
pikeun Musyahadah , anu jadi eunteung
tajalli Kapangeranan, jeung ari eta Tajjaliyul Ilahiyyah nyaeta
kumpulan diantara dua lautan ( hate ) jeung tempat pertemuan kanu ngurus sadaya Alam .
tutug Qoul Ibnu
Aroby