Rabu, 18 April 2012

Bantahan Allah SWT terhadap kaum yang mengingkari Mi`raj Nabi Saw.

( فصل السادس )
إعترض الله تعالى لقوم المنكر على المعرج النبى صلى الله عليه وسلم

( Pasal ka- 6 )
Bantahan Alloh ka kaum anu ingkar kana mi`raj Nabi Saw:

كما فوله تعالى :

وَالنَّجْمِ إِذَا هَوَى ﴿١﴾
مَا ضَلَّ صَاحِبُكُمْ وَمَا غَوَى ﴿٢﴾
وَمَا يَنطِقُ عَنِ الْهَوَى ﴿٣﴾
إِنْ هُوَ إِلَّا وَحْيٌ يُوحَى ﴿٤﴾

Sakumaha Pidawuh Allah Swt. :
1.Demi bentang nalika surup
2.Shobat anjeun ( Muhammad Saw. ) hanteu sasar sareung hanteu oge saliru
3.Sareung hanteu aya sanes anu didawuhkeunnana eta  ( Al-Qur`an ) numutkeun kahoyong hawa nafsu-Na
4.Dawuhan-Nana teu aya sanes mung Wahyu anu diwahyukeun
( Q.S. An-Najm 53 ayat 1- 4 )
وقال أبو بكر الصدّيق رضى الله عنه :
sareung pidawuh sayyiduna Abu bakar Shidiq ra. :
إن كان قال لقد صدق
“upami manteunna saw. ngadawuh yaqin leureus manteunna Saw.”

وقال أيضا رضى الله عنه
sareung dawuhana deui ra. :

إنّى لأصدّقه على أبعد من ذلك

“ Saestuna Kaula yaqin ngabeuneurkeun ka Manteunna saw. kana Isro Mi`roj-Na langkung teubih tinimbang ka Masjidil Aqshaa  .”
وروى الحافظ أبو نعيم الأصبهاني في كتاب دلائل النبوة من طريق محمد بن عمر الواقدي: حدثني مالك بن أبي الرجال عن عمرو بن عبد الله عن محمد بن كعب القرظي, قال:
Parantos ngariwayatkeun Al-Hafizh Abu Na`im Al-Asbahani dijero kitab Dalailun Nubuwwah ngaliwatan jalur Muhammad Ibnu Umar Al-Waqidi, parantos nyarioskeun ka kaula Malik bin Abur Rijal ti U`mar bin Abdulloh, ti Muhammad bin Ka`ab Al-Qurozhi anu nyarioskeun : “

بعث رسول الله صلى الله عليه وسلم دحية بن خليفة إلى قيصر, فذكر وروده عليه وقدومه إليه, وفي السياق دلالة عظيمة على وفور عقل هرقل,
parantos ngutus Rosululloh saw. Ka Dahiyyah bin Kholifah ka Raja , lajeung diseubatkeun ngeunaan kadongkapan Dahiyyah ka Raja  , anu dijero teks na ngandung bukti anu nyata ngeunaan rubakna wawasan emutan Raja Herkules.

 ثم استدعى من بالشام من التجار فجيء بأبي سفيان صخر بن حرب وأصحابه, فسألهم عن تلك المسائل المشهورة التي رواها البخاري ومسلم كما سيأتي بيانه,

Teras Raja ngageroan para padagang arab anu aya di negri syam/syiria, mangka dikapayunkeun Abu Sufyan bin Sakhr bin Harb sarta pirang-pirang sobatna ka Raja, Raja naroskeun aranjeunna kalawan pirang-pirang panarosan anu parantos ka masyhur eta, anu diriwayatkeun ku Imam Bukhori sareung Imam Muslim , sapertos anu bakal dijelaskeun salajeungna

 وجعل أبو سفيان يجهد أن يحقر أمره وتصغره عنده. قال في هذا السياق عن أبي سفيان: والله ما منعني من أن أقول عليه قولاً أسقطه من عينه إلا أني أكره أن أكذب عنده كذبة يأخذها علي ولا يصدقني في شيء. قال: حتى ذكرت قوله ليلة أسري به,
Salajeungna Abu Sufyan usaha sateukahpolah  pikeun ngahina Nabi Saw. Jeung ngabogaan anggapan leutik perkara-Na di payuneun Raja, dina ieu konteks disebatkeun kekecapan  Abu Sufyan anu nganyatakeun “ Demi Alloh, hanteu aya hiji perkara oge anu ngahalang-halang diri kaula pikeun ngalaklak dasar Muhammad Saw. kalawan kekecapan anu meubeutkeun Manteunna Saw. Di payuneun Raja , anu akibatna justru malikan ka kaula jeung Raja hanteu percaya deui reujeung kekecapan anu kaula ucapkeun ka anjeunna.
Abu Sufyan nyarioskeun :”Dugi ka emut kaula kana Dawuhan-Na Saw. Ngeunaan wengi Manteunna Saw. Ngajalanan Isro`’.

قال: فقلت أيها الملك ألا أخبرك خبراً تعرف أنه قد كذب ؟

Abu sufyan nyarioskeun deui :”kaula nyarios :”Hei Raja ? hoyong teu nyarioskeun kaula ka anjeun hiji warta, supados anjeun uningan yen Manteunna Saw. Tukang ngabohong ?

قال: وما هو ؟ قال: قلت إنه يزعم لنا أنه خرج من أرضنا, أرض الحرم, في ليلة فجاء مسجدكم هذا مسجد إيلياء, ورجع إلينا تلك الليلة قبل الصباح.
Raja ngawaleur :”Warta naon eta teh ? Abu Sufyan nyarioskeun :” Nyata Manteunna Saw. Ngangkeun ka kaula sadaya yen diri-Na Saw. Angkat ti taneuh kaula sadaya nyatana Tanah Suci dina hiji wengi , lajeung dongkap ka masjid aranjeun anu di Iliya ieu ( Yerussalem ) , lajeung Manteunna Saw. Uih deui ka kaula sadaya dina wengi anu sami dina samemeh shubuh.”
 قال وبطريق إيلياء عند رأس قيصر, فقال بطريق إيلياء: قد علمت تلك الليلة, قال: فنظر إليه قيصر وقال: وما علمك بهذا ؟
Waktu eta Uskup Iliya aya dipeungkeureun Raja, mangka eta uskup cumarios :”Saestuna Kaula uninga kana kajanteunan eta wengi, Raja ngalieuk ka tujul Uskup jeung tumaros :”Kumaha anjeun uninga kajanteunanna ?
قال: إني كنت لا أنام ليلة حتى أغلق أبواب المسجد, فلما كان تلك الليلة أغلقت الأبواب كلها غير باب واحد غلبني, فاستعنت عليه بعمالي ومن يحضرني كلهم فعالجته, فغلبنا فلم نستطع أن نحركه كأنما نزاول به جبلاً,
Uskup ngawaler  :”Saestuna Kaula teu acan kantos kuleum dina hiji wengi oge sateuacan nutupan sadaya panto masjid, jeung dina eta wengi kaula nutup sadaya panto masjid, salian hiji panto anu hanteu kiat kaula tutup, mangka kaula nyuhunkeun bantosan ka para palayan kaula, sareung  sadaya jalmi anu hadir dina eta waktu pikeun nutup eta panto,tatapina eta panto nageun henteu oyag saetik oge, kaula sadaya hanteu mampuh ngageurakkeunna , saolah-olah kaula sadaya keur ngisedkeun hiji gunung ,
 فدعوت إليه النجاجرة, فنظروا إليه فقالوا: إن هذا الباب سقط عليه النجاف والبنيان, ولا نستطيع أن نحركه حتى نصبح فننظر من أين أتى.
mangka kaula ngageuroan para tukang kai pikeun marios eta panto, mangka aranjeunna darongkap sareung nyarioskeun :”Saestuna ieu panto kakeunaan ku tekenan tembok bangunan anu nurun, oge ku kusenna , kaula sadaya hanteu mampuh ngageurakkeunna, ke enjing-enjing  kaula sadaya bakal nempo panyababna.
قال: فرجعت وتركت البابين مفتوحين. فلما أصبحت غدوت عليها, فإذا الحجر الذي في زاوية المسجد مثقوب, وإذا فيه أثر مربط دابة,
Uskup ngalajeungkeun qishohna, yen uskup leubeut ka jero jeung nganteupkeun dua panto eta kabuka rubak, salajeungna dina waktu isuk-isuk kaula balik deui marios eta panto, ujug-ujug batu anu aya di juru masjid dina kaayaan geus bolong, jeung ter na dina eta liang aya tilas tali kadali sato kandaraan anu di pancuhkeun,
قال: فقلت لأصحابي ما حبس هذا الباب الليلة إلا على نبي, وقد صلى الليلة في مسجدنا,
 mangka kaula nyarios ka para sobat kaula :
“Teu aya sanes ieu panto katahan tadi wengi kajaba sabab aya hiji Nabi , sareung anjeunna parantos midameul sholat di masjid kaula sadaya ieu”
وذكر تمام الحديث.
Abu Na`im Al-Asbahani ngalajeungkeun haditsna dugika rengse...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar