مُقَدِّمَةٌ
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِى بِنُوْرِجَمَالِهِ أَضَاءَ قُلُوْبَ اْلعَارِفِيْنَ وَبِهَيْـبَةِ جَلَالِهِ أَحْرَقَ فُؤَادَ ْالعَاشِقِيْنَ وَبِلَطَائِفِ عِنَايَـتِهِ عَمَّرَ سِرَّ ْالوَاصِلِيْنَ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ أَبَدًا عَلىَ خَيْرِ خَلْقِهِ سَيِّدِنَامحَُمَّدٍ خَاتِمِ اْلأَنْبِيَاءِ وَاْلمُرْسَلِيْنَ وَذِى الشَّفَاعَةِ ْالعَظِيْمِ وَقَائِدِ ْالغُرِّ ْالمُحَجَلِيْنَ وَعَلَى آلِهِ وَ سَائِرِ اْلأَنْبِيَاءِ وَاْلمُرْسَلِيْنَ وَاْلمَلَائِكَةِ ْالمُقَرَّبِيْنَ وَاْلأَصْحَابِهِ وَالشُّهَدَائِهِ وَاْلعُلَمَائِهِ ْالعَامِلِيْنَ وَاْلأَوْلِيَائِهِ صَلَوَاتُ اللهُ وَسَلَامُهُ عَلَيْهِمْ أَجْمَعِيْنَ … آمِيْنَ
BUBUKA
Sadaya jenis puji eta tetep Milik Alloh anu nyaangan kana ( Aqal anu aya di jero) pirang-pirang hate jalma anu uninga ka Allohna, kalayan cahaya kageulisan-Na. Ngaduruk hate jalma anu asyik mikasono-Na, kalayan kahebatan kamulyaan-Na. Ngamakmurkeun rusiah jalmi-jalmi anu janteun panghubung ka jalan-Na, kalayan pitulung-Na anu lemah –lembut,
Sholawat sareung salam salamina di wuwuhkeun ka makhluk-Na anu ِ Pangsae-Na, Pamingpin abdi sadaya Qiblatuna Muhammad Saw. Anu janteun panutup para Nabi sareung Rosul anu ngagaduhan syafa`at Uzhma sareung pamingpin para abdi anu moronyoy sareung sholawat sarta salam ِsalamina diwuwuhkeun ka kulawargi-Na Saw.
Kitu deui ka sadaya para Nabi sareung para Rosul, para Malaikat Muqorrobin ( malaikat anu salawasna cakeut reujeung Alloh Swt. ), para Shohabat-Na, Syuhada-Na, para U`lama-Na anu ngamalkeun kana elmuna sareung para Wali-Na. Sholawat Allah sareung salam-Na eta teuteup ka aranjeunna sadayana.( anu karagungan sya`faat mim murtadhol Akhyar ) Aaaaaamiiiin.
( أَمَّابَعْدُ ) فَقَدْ أَلَّفْتُ هَذَا اْلكِتَابَ لِيَتَمَسَّكَ بِهِ طَالِبُ ْالحَقِّ وَيَسْتَعِيْنَ بِهِ عَلَى سُلُوْكِهِ إِنْ شَاءَ الله ُتَعَالَى , وَأَسْتَعِيْنُ فِى ذَلِكَ بِاللهِ تَعَالَى مِنَ ْالخَلَلِ وَالزَّلَلِ وَهُوَ خَيْرٌ نَاضِرٌ وَمُعِيْنٌ وَ إِيَّاهُ أَسْأَلُ أنْ يَنْفَعَ بِهِ أَنَّهُ قَرِيْبٌ مُجِيْبٌ
( Anapon saparantos eta ):
Simkuring ngarang buku ieu supados tiasa janteun ceuceukeulan pikeun jalmi anu milari beubeuneran , sareung janteun cetakan pikeun dijanteunkeun ceuceukeulan moralitas anu luhur ( suluk ). Insya Alloh. Simkuring salawasna nyuhunkeun ka Alloh Swt. Supados dijero ngarang ieu diteubihkeun tina cacad sareung sasar.Karana mung Alloh anu Maha Nulungan sareung Maha Nyalameutkeun tur anu langkung Sae.
sareung tangtu, mung ka Alloh simkuring nyuhunkeun supados buku ieu tiasa mere mangfa`at, mung Alloh anu maha Cakeut tur Maha ngobulkeun kana sadaya do`a.
وربما قال قائل ممن لا يعقل: الكتب كثيرة وفيها غنية وكفاية فلا فائدة في تصنيف الكتب في هذا الزمان، فهذا القائل إن أصاب في قوله: إن في الكتب غنية وكفاية فقد أخطأ في قوله: لا فائدة للتصنيف في هذا الزمان، لأن للقلوب ميلاً بحكم الجبلة إلى كل جديد، وأيضاً فإن الله يُنطِق علماء كل زمان بما يوافق أهله، والتصانيف تبلغ الأماكن البعيدة وتبقى بعد موت العالم فيحصل له بذلك فضل نشر العلم ويكتب معلماً داعياً إلى الله في قبره،.
Jeung terkadang ( Meureun ) aya anu nyarios :” Geus loba kitab anu disusun kalayan rupi-rupi uraian sareung panjeulasan anu akurat , mangka teu aya gunana deui urang ngarang di zaman kiwari.
Ieu jalma , sok sanajan anjeuna meureun beuneur dina cariosanna, yen kitab geus loba , tapi anjeunna geus saliru nyarioskeun yen teu aya gunana deui nyusun kitab di zaman kiwari, sabab geus jadi tabeat manusa anu doyong kana perkara-perkara anu anyar .Alloh Swt. oge parantos nganjurkeun ka para U`lama sangkan tiasa adaptasi ka masyarakat anu hirup dina zamanna.
Karya tulis tiasa ngadugikeun kana tempat-tempat anu jauh sareung mangfaatna tiasa salawasna diraoskeun sok sanajan jalma anu nyeurat geus maot, mangka kalawan karya tulisna eta , anjeunna meunang kautamaan salaku saurang panyeubar elmu , sareung bakal di cateut di leubeut kuburna salaku Muallim anu umajak ka jalan Alloh Swt.
كما قال رسول الله صلى الله عليه وسلم: "من أنعش لسانه حقاً يعمل به من بعده أُجرِيَ عليه أجرُه إلى يوم القيامة"
sakumaha pidawuh Nabi Saw. : “ Sing saha jalma anu make letahna pikeun neupikeun beubeuneuran eta salawasna diamalkeun ku jalma sejen saparantos maotna , mangka anjeunna bakal meunangkeun ganjaran anu ngalir tuluy-tumuluy dugi ka poe qiamah”.
وقد سميت هذه الكتاب بصلاة الأولياء للإتباع الأنبياء للراغبين من المؤمنين والطالبين والمريدين والسالكين والسّائرين والطائرين والواصلين في سلوك طريق الآخرة "
Sareung Yakin parantos nganamian simkuring kana ieu buku kalawan nami “ SHOLATUL AULIYA LITTIBAA`IL AMBIYAA “ pikeun pirang-pirang jalmi anu resep ti pirang-pirang jalmi anu ariman sareung ti pirang-pirang jalmi anu nyuprih jalan kawalian sareung ti para murid, para salik, para sair , para thoir, sareung para washil dina ngambah jalan akherat.
أسأل الله تعالى أن ينفعني بها وسائر المؤمنين، وأن يجعل جمعي لها واعتنائي بها وبتأليفها خالصاً لوجهه الكريم
Simkuring Nyuhunkeun ka Alloh Swt. supados ieu buku tiasa mere mangfaat khususna pikeun diri simkuring nyalira sareung sadaya kaum mu`minin , mugia Alloh maparin ka Ikhlasan dina panyeuratan ieu.
وهذا أوان الابتداء وبالله التوفيق فأقول مستعيناً بالله ومفوضاً إليه، وسائلاً منه أن يوفقني لإصابة الصواب في النيات والأعمال والأقوال، فإنه ولي ذلك والقادر عليه، وهو حسبي ونعم الوكيل:
Ari ieu eta waktosna ngawitan, sareung ka Alloh ari nyuhunkeun pitulung ( mangka simkuring ngucap ) : barina anu nyuhunkeun tulung ka Alloh sareung anu masrahkeun ka Alloh sareung anu neda ( nyuhunkeun ) ti Alloh kana yen maparin taufik Alloh ka simkuring kana ngeunaan leureus dina pirang-pirang niat, pirang-pirang a`mal sareung pirang-pirang ucap, karana saestuna Allloh Swt. eta anu nulungan kana itu ngeunaan lereus ( Showab ) sareung anu Maha Kawasa kana ngeunaan leureus sareung ari Alloh Swt. eta anu Maha Nyeukapkeun ka simkuring, sareung anu pangsaena anu dipasrahan.
ABDILLAH HASAN BIN HASANUDDIN AL-SUNDY AL-JAWI
الباب الأوّل
فِى تَارِيْخِ الصَّلَاةِ بِعَالَمِ اللَّاهُوْتِ وَ عَالَمِ الْجَبَرُوْتِ
BAB I
ASAL-USUL SHOLAT DI ALAM KAPANGERANAN SAREUNG ALAM KAKAWASAAN ALLOH SWT.
قَالَ اللهُ عَزَّ وَجَلَّ وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ ﴿٥٦﴾
Parantos ngadawuh Alloh Anu Maha Mulya tur Maha Agung :
“ Hanteu sapati-pati ngadameul Kaula anu Agung ka jin sareung manusa kajaba pikeun aribadah ( tegesna pikeun ngawanohkeun kaula ). ( Q.S.Adz-Dzaariyaat 51 : 56 ) “.
كَمَا قَالَ اللهُ تَعَالَى فِى حَدِيْثِ ْالقُدْشِىِّ : كُنْتُ خَزِيْنَةً خَافِيَةً أَحْبَبْتُ أَنْ أُعْرَفَ فَخَلَقْتُ اْلخَلْقَ فَتَعَرَّفْتُ إِلَيْهِمْ فَعَرَفُوْنِىْ
Sakumaha pidawuh Alloh Ta`alaa dina hadits qudsyi :
“Kaula ( Alloh Swt. ) nyaeta gudang sisimpeunan anu disamarkeun ( Ghoib ), Kaula hoyong ngawanohkeun, Saha ari Kaula ? mangka ngadameul Kaula kana hiji makhluq ( NUR MUHAMMAD SAW. ), kusabab eta kaula ngawanohkeun diri Kaula ka eta hiji makhluq, mangka eta pirang-pirang makhluq wanoh ka Kaula “.
قال الولىُّ الله تعالى القطب الغوث الفرد الجامع السيّد الشيخ محيى الدّين عبد القادر الجيلانى رضى الله عنه فى كتابه ( سرّ الأسرار ومظهر الأنوار ) : أنّ الله تعالى خلق روح محمّد صلى الله عليه وسلم أوّلا من نور جماله
Parantos ngadawuh hiji Wali Alloh anu pangkatna Quthbul Gauts Fardil Jaami` nyatana Sayyidi Syekh Muhyiddin Abdul Qodir jailani ra. Dina sapalih kitabnya ( Sirrur Asror wa Muzhharul Anwar ) :” kana saestuna Alloh Ta`alaa parantos ngadameul kana ruh Muhammad Saw. Halna mimiti tina cahaya ka Maha Endahan Milik Alloh.”
كَمَا قَالَ اللهُ تَعَالَى فِى حَدِيْثِ ْالقُدْشِىِّ : خلقت روح محمّد صلى الله عليه وسلم من نور وجهى
Sakumaha pidawuh Alloh Ta`alaa dina hadits qudsyi :
“ Parantos ngadameul Kaula ( Alloh Swt. ) kana ruh muhammad saw. tina cahaya perwujudan Kaula ( Wajb )”.
كَمَا قَالَ النبى صلى الله عليه وسلم أول ما خلق الله روحى و أول ما خلق الله نورى
Sakumaha pidawuh Nabi Saw. : “ Ari Ngawitan perkara eta parantos ngadameul Alloh kana ruh kaula, sareung ngawitan perkara eta parantos ngadameul Alloh kana cahaya kaula “.
و قَالَ النبى صلى الله عليه وسلم : أنا من الله والمؤمنون منى
Sareung pidawuh Nabi Saw. : “Kaula eta ti Alloh sareung pirang-pirang jalma anu ariman eta ti kaula,
كَمَا قَالَ اللهُ عَزَّ وَجَلَّ قَدْ جَاءكُم مِّنَ اللّهِ نُورٌ ﴿١٥﴾
Sakumaha pidawuh Alloh Ta`alaa Anu maha Mulya tur Maha Agung :” Nyata parantos dongkap ka aranjeun ( pirang-pirang jalma ariman ) ti Alloh Swt. hiji cahaya ( tegesna Nur Muhammad Saw. ) “ ( Q.S.Al-Maidah 5 : 15 )
و خلق الله الأرواح كلها منه فى عالم اللاهوت
Parantos ngadameul Alloh Swt. Kana pirang-pirang roh sadayana tina NUR MUHAMMAD SAW. Di Alam Kapangeranan.
كَمَا قَالَ اللهُ تَعَالَى فِى حَدِيْثِ ْالقُدْشِىِّ : لَوْلَكَ لَوْلَكَ يَامُحَمَّدُ لَمَا خُلِقَ ْالعَالمَ ُ
Sakumaha pidawuh Alloh Ta`alaa dina hadits qudsyi :
“ upami teu aya anjeun-upami teu aya anjeun Hey Muhammad tangtu moal di dameul ieu alam.”
وقال الإمام عبد الرحيم والسيوطى رضى الله عنهما :
قد جاء فى الخبر أنّ الله تعالى خلق شجرة لها أربعة أعصان قسماها شجرة اليقين ثمّ خلق نور محمّد فى حجاب من درة بيضاء كمثل الطاوس ووضعه على تلك الشجرة فسبح عليها مقدار سبعين ألف سنة ثمّ خلق مرآة الحياة فوضعت باستقباله فلما نظر الطاوس فيها رأى صورته أحسن صورة وأزين هيئة فاستحى من الله تعالى فعرّق فقطر منه ستّ قطرات فخلق الله تعالى من القطرة الأولى روح الأبى بكر رضى الله عنه و من القطرة الثانية روح عمر رضى الله عنه و من القطرة الثالثة روح عثمان رضى الله عنه و من القطرة الرابعة روح علىّ كرم الله وجهه و من القطرة الخامسة الورد و من القطرة السادسة الأرزّ ثمّ سجد ذلك النور المحمّدى خمس مرات فصارت علينا تلك السجدات فرضا مؤقتا كما قال الله عزّ وجلّ :إِنَّ الصَّلاَةَ كَانَتْ عَلَى الْمُؤْمِنِينَ كِتَابًا مَّوْقُوتًا ﴿١٠٣﴾ ففرض الله تعالى خمس صلوات على محمّد و أمّته صلى الله عليه وآله وسلم... والله أعلم...
Parantos ngadawuh Imam Abdur rohim sareung Imam Jalaluddin As-suyuthy ra. :” Nyata tos dongkap kateurangan dina hiji hadits, Saestuna Alloh Ta`ala ngadameul tangkal anu ngagaduhan 4 dahan sareung ngangaranan kana eta tangkal teh “ TANGKAL KAYAQINAN “ lajeung Alloh Ta`alaa ngadameul NUR MUHAMMAD SAW. dijero hahalang ( hijab ) tina inteun anu bodas, kawas saumpamana manuk merak ( dina pada endahna ), lajeung Alloh nyimpeun ( kalawan Kakawasaan-Na ) kana ieu NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ), disaluhureun eta tangkal, mangka ieu NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ) maos tasbih diluhur eta tangkal kira –kira 70.000 taun.
lajeung Alloh ngadameul “ ENTEUNG KA ISIN “lajeung Alloh nyimpeun ( kalawan Kakawasaan-Na ) di payuneun eta NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ), nalika eta NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ) ninggal dirina dijero eunteung , mangka janteun uninga ieu NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ), kana kaendahan rupina sareung kasaean tingkahna. Tungtungna eta NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ), ngaraos isin ku Alloh Ta`alaa. Sahingga ngesang kesangan, eta kesang ngeuclak dugika 6 keclakan.lajeung Alloh Ta`ala ngadameul tina keclakan kesang anu ka 1 kana ruhna Sayyid Abu Bakar shidiq ra. Sareung tina keclakan kesang anu ka 2 Alloh ngadameul kana ruhna Sayyid Umar bin khothob ra. Sareung tina keclakan kesang anu ka 3 Alloh ngadameul kana ruhna Sayyid Utsman bin Affan ra. Sareung tina keclakan kesang anu ka 4 Alloh ngadameul kana ruhna Sayyid Ali bin Abi Tholib kwh. Sareung tina keclakan kesang anu ka 5 Alloh ngadameul kana kembang mawar. Sareung tina keclakan kesang anu ka 6 Alloh ngadameul kana Pare, lajeung eta NUR MUHAMMAD SAW. ( anu saumpama manuk merak dina pada endahna ) Sujud kalawan lima kali sujud , mangka janteun kawajiban pikeun urang sadaya sababaraha sujudan ( anu 5 ) eta , halna kafardhuan anu diwaktukeun. Sakumaha pidawuh Alloh Anu Maha Mulya tur Maha Agung :” Saestuna Sholat eta bukti pikeun pirang-pirang jalma anu ariman halna fardhu anu di waktu-waktu “. ( Q.S.An-Nisa 4 : 103 )
Mangka Alloh Ta`ala ngawajibkeun 5x sholat dina sadinteun sawengi ka kangjeung Nabi Muhammad Saw. Sareung ka umatna Saw.
( ari Alloh eta anu langkung Uninga )
Tidak ada komentar:
Posting Komentar