الباب الرابع
فِى تَعْرِيْفِ اْلقُطْبِ
BAB KA 4 DINA MERTELAKEUN HARTI QUTHUB
* فالأقطاب : جمع : قطب على وزن ( فعل )
Kecap Aqthab mangrupikeun kalimah Jama` tina kalimah Mufrad Quthub, netepan kana wazan ( Fu`lun )
وهو فى اصطلاح الكتاب إجابة الغوث ببيان حال النقباء والنجباء والأبدال والأوتاد والغوث وهو سيّد أهل زمانه سمىّ قطبا لجمعه جميع المقامات والأحوال ودور
Ari Quthub dina istilah kitab Ijabatul Gauts bibayani haalin Nuqoba wan Nujaba wal Abdali wal Autadi wal Gauts nyaeta panghulu para wali dina zamanna, dingaranan kana quthub sabab kumpulna sakabeh pirang-pirang kalungguhan ruhani ( Al-Maqomat ) , sareung pirang-pirang kaayaan ruhani ( Al-Ahwal ) tur tempat ruhani ( Ad-Duuru )
انه عليه مأخوذ من قطب الرحى وهو الحديدة التى تدور عليه
Kana saestuna eta quthub eta teuteup pikeun eta quthub di cokot tina kalimah “ Qutbir Roha “ nyatana sageuleumpeungan beusi anu jadi buleud eta beusi tina itu beusi
و قال القطب الغوث عبد القادر الجيلاتى رضى الله عنه فى كتابه سفينة القادرية : فالقطب عارف بهم جميعا ومشرف عليهم ولم يعرفه أحد ولايتشرف عليه وهو إمام الأولياء
Parantos nyarios Al-Qutbul Gauts Abdul Qadir Al-Jailani Ra. Dijero kitabna anu judulna Safinatul Qodiriyyah :” Ari Quthub anu A`rif ( tegesna anu wanoh sareung uninga Alloh Swt. ) keumpeul ngariung sarta aranjeunna sareung anu nilik aranjeunna tur hanteu aya anu uninga saurang oge, sareung hanteu ngamulyakeun ( saurang oge ) ka eta Quthub, anjeunna ( wali Quthub ) nyaeta imam para wali
و قال الشيخ شمس الدين الحنفى رحمه الله تعالى فى مناقبه : لايكون القطب قطبا حتى تجتمع فيه هذه الصفات التى اجتمعت فى هؤلاء الجماعة الذين تقدم ذكرهم انتهى
Parantos nyarios Syekh Syamsuddin Al-Hanafi dijero kitab manaqibna Rhm. :”Ari hiji Quthub eta teu bisa disebut kalawan Quthub manakala hanteu ngagaduhan pirang-pirang sifat jeung predikat integral ti para Wali. Kitu mungguh pamadeugan Sayyidi Syamsuddin Al-Hanafi Rhm…
فى كتاب المفاخر العالية فى المئاثر الشاذلية صحفة 18 : " قال أبو العباس المرسى رحمه الله تعالى : كان كلامه فى العقل الأكبر والروح الأنور والقلم الأعلى والقدس الأبهى والإسم الأعظم والكبريت الأحمر والياقوت الأزهر والأسماء والحروف والدوائر وهو المتكلم بنور البصيرة على السرائر وكان عالما عارفا بالعلوم الظاهرة جامعا لدقائق فنونها ومفتضا لأبكار المعانى وعيونها من حديث وتفسير وفقه واصول وخلاف ونحو وتصريف ولغة ومعقول وحكمة وأداب
Dina kitab Mafakhirul aliyyah dina kaca ka- 18 : “ Parantos nyarios Abul Abbas Al-Mursi Rhm. : Al-Quthub salawasna nyarios kalawan Akal Akbar ( akal anu agung ), kalawan Cahaya-cahaya Ruh (Ruhul Anwar), kalawan Pulpen anu luhur (Al-Qalamul A’la), kalawan Kasucian anu banguet endah (Al-Qudsul Al-Abha), kalawan sapalihna Asma Alloh anu Agung (Ismul A’dzam), kalawan Kibritul Ahmar ( lir ibarat Berlian anu beureum), kalawan Yaqut anu manceurkeun cahaya ruhani, kalawan pirang-pirang Asma’, pirang-pirang huruf sareung pirang-pirang bundeuran Asma huruf. Anjeunna ( Quthub )nyarios kalawan cahaya matahate ( Nurul Bashiroh ) diluhureun rusiah anu jero dijero leuwi rusiahna. anjeunna hiji jalmi anu wanoh tur uninga Alloh Swt. ( A`lim ) kalawan pangaweuruh lahiriah sareung batiniyah , kalawan kajeroan ma`na anu dahsyat, naha dina elmu hadits, tafsir, fiqih, khilaf ( elmu perbedaan pamadeugan antara 4 imam madzhab dina Fiqh ) ,nahwu, shorof, ushul, bahasa, hikmah ( elmu jiwa ) sareung etika sopan santun.
وهو ذو الشيوخ الساق من ثانية عشر بحر خمسة سماويّة فجبريل وميكائل وإسرافيل وعزرائيل والروح وأما الأرضية فالنّبىّ محمّد صلعم وإلياس وخضر وأبو بكر وعمر وعثمان وعلى عليهم الصلاة والسلام
Anjeunna ( Al-Quthub ) nyaeta anu kagungan tunggul pirang-pirang Guru anu maparin ngaleueut pirang-pirang elmu tina 12 lautan elmu :
5 guru bangsa samawi sareung 7 guru bangsa bumi
Anapon pirang-pirang Guru bangsa Samawi nyatana :
1. Malaikat Jibril As.
2. Malaikat Mikail As.
3. Malaikat Asrofil As.
4. Malaikat Ajroil As.
5. Ruh
Anapon pirang-pirang Guru bangsa Bumi nyatana :
1. Nabi Muhammad Saw.
2. Nabi Ilyas As.
3. Nabi Khodhir As.
4. Sayyiduna Abu Bakar Shidiq Ra.
5. Sayyiduna Umar bin Khotob Ra.
6. Sayyiduna Utsman bin Affan Ra.
7. Sayyiduna Ali bin Abi Tholib Kwh.
فى كتاب المفاخر العالية فى المئاثر الشاذلية صحفة 15 : " أَخْبَرَ الشَّيْخُ الصَّالِحُ اْلوَرَعُ الزَّاهِدُ الْمُحَقِّقُ الْمُدَقِّقُ شَمْسُ الدِّيْنِ بْنُ كَتِيْلَةُ رَحِمَهُ اللهُ تَعَالَى وَنَفَعَ بِهِ آمِيْنَ قَالَ : كُنْتُ يَوْمًا جَالِسًا بَيْنَ يَدِي سَيِّدِي فَخَطَرَ بَبًّالِيْ أَنْ أَسْأَلَهُ عَنِ اْلقُطْبِ فَقُلْتُ لَهُ : يَاسَيِّدِي مَا مَعْنَى اْلقُطْبُ ؟
Dijero kitab Mafakhirul A`liyyah kaca ka 15 : geus mere nyaho hiji guru anu sholih, wara` , Zuhud, saurang Panilik, tur anu taliti nyatana Syekh Syamsuddin bin Katilah Rahimahullaahu Ta’ala anu nyarioskeun: “ Bukti kaula dina hiji poe barina calik dipatuneun Guru kaula, lajeung ngolebat pikeun nyaroskeun ngeunaan Quthub. Mangka nyarios kaula ka pun guru “Hei Gamparan abdi , naon ari ma`nana Quthub teh ?”
فَقَالَ لِيْ : اْلأَقْطَابُ كَثِيْرَةٌ ، فَإِنَّ كُلَّ مُقَدَّمِ قَوْمٍ هُوَ قُطْبُهُمْ وَأَمَّا قُطْبُ اْلغَوْثِ اْلفَرْدِ الْجَامِعِ فَهُوَ وَاحِدٌ
Laeung manteuna ngawaleur ka kaula : “Ari Quthub eta Seueur. Saban Muqaddam / Mursyid hiji koum tiasa disebat salaku Quthub-na. Seudeungkeun al-Quthubul Ghauts al-Fard al-Jami’ eta mung saurang
قال العارف بالله تعالى سيّدى محيى الدين بن عربى رحمه الله تعالى فى كتابه الفتوحات المكية: اعلم أنهم يتوسعون فى إطلاق لفظ القطب . فيسمون كل من دار عليه مقام من المقامات قطبا ، وانفردبه فى زمانه على أبناء جنسه
Parantos Nyarios Arif billah ( anu wanoh sareung uninga Alloh Swt. ) Muhyiddin Ibnu Arobi Rhm. Dina kitabna Futuhatul Makiyyah :”Kanyahokeun ku anjeun kana saestuna para dokter jiwa ngarubakkeun dina medarkeun ma`na Al-Quthub , mangka dipaparin nami saban quthub tina tina tempat kalungguhanna tina pirang-pirang kalungguhan ( Al-Maqomat ) kalawan Quthub, sareung nyorangan Quthub dina zamanna neteupan kana jenis prang-pirang cabang quthub.
وقد يسمى رجل البلد : قطب ذلك البلد، وشيخ الجماعة : قطب تلك الجماعة، و صاحب الزمان ذلك قطب العالم والزمان
terkadang Quthub dipasihan nami “ Rojulul balad nyatana pamingpinna eta negri sareung dipasihan nami Syeikhul jamaah nyatana pamingpinna eta jamaah sareung dipasihan nami shohibuz Zaman nyatana pamingpinna eta Alam jeung zaman.
و قال القطب الغوث عبد القادر الجيلاتى رضى الله عنه فى كتابه سفينة القادرية : ومتى انتقل القطب إلى الآخرة حل مكانه آخر من المرتبة التى قبله بالتسلسل إلى أن يحل رجل من الصلحاء والأولياء محل أحد الأربعة .
Parantos nyarios Al-Qutbul Gauts Abdul Qadir Al-Jailani Ra. Dijero kitabna anu judulna Safinatul Qodiriyyah :” Nalika Wali Quthub pindah ka akhrerat mangka kaayaan tempatna digantikeun ku tingkatan sanes anu samemehna kalawa tartib pikeun nempatan kalungguhan jalmi ti para Sholaha sareung para Wali anu tempatna di salahsahiji tina anu opat..
قال الشيخ شريف الجرجاني رحمة الله فى كتابه التعريفات : القطب قد يسمى غوثا باعتبار التجاء الملهوف إليه وهو عبارة عن الواحد الذي هو موضوع نظر الله في كل زمان أعطاه الطلسم الأعظم من لدنه
Parantos nyarios Syekh Syarif Al-Jurjani Rhm. Dijero kitab Ta`rifatna:” Al-Quthub terkadang di ngaranan kalawan Gauts, sabab saluyu reujeung bukti hayangna nyalindung ka eta Quthub, Ari quthub nyaeta hiji istilah ti hiji jalma anu ari eta quthub teh janteun poko paninggal Alloh di saban waktu anu maparinkeun Alloh ka eta quthub kana jimat anu agung tina kalembutan Alloh Swt.
والغوث هو القطب حينما يلتجأ إليه، ولا يسمى في غير ذلك الوقت: غوثاً.
sedengkeun Ari Gauts nyaeta Quthub ( pamingpin ) nalika nyalindung ka eta Gauts, jeung teu dingaranan dina lian eta waktu kalawan Gauts.
وفى اصطلاح الحكماء : الغوث هو سيد الجماعة فى زمانه وهو عبارة عن رجل عظيم وسيد كريم تحتاج إليه الناس عند الإضطرار فى تبيين ما خفى من العلوم المهمّة والأسرار ويطلب منه الدعاء لأنه مستجاب الدعاء لو أقسم على الله لأبر قسمه مثل أويسى القرنى فى زمن رسول الله صلعم
Dina istilah para dokter jiwa :”Al-Gauts nyaeta hiji pamingpin koum dina zamanna, anjeunna ibarat hiji jalmi anu agung sareung geugeuden anu mulya dimana sadaya umat manusa bangeut mikabutuh pitulungna , utamina pikeun ngajeulaskeun perkara anu samar tina elmu rusiah pirang-pirang hakekat ilahiyyah , aranjeunna oge nyuhunkeun doa ka eta Gauts sabab eta Gauts di ijabah doa-na , upami sumpah eta gauts mangka langsung jadi sumpahna sapertos Uwais Al-Qorni di zaman Rosululloh Saw.
قال القطب الغوث عبد القادر الجيلاتى رضى الله عنه فى كتابه سفينة القادرية : وهو الذى يغيث كل العالم كما قال الله عزّ وجلّ : فَاسْتَغَاثَهُ الَّذِي مِن شِيعَتِهِ ﴿١٥﴾
Parantos nyarios Al-Qutbul Gauts Abdul Qadir Al-Jailani Ra. Dijero kitabna anu judulna Safinatul Qodiriyyah :” Al-Gauts nyaeta jalma anu nulungan di sakabeh dunya, sakumaha Pidawuh Alloh anu Maha Mulya tur Maha Agung. :”mangka jalma anu ti golonganna eta koum menta pitulung ka anjeunna ( tegesna ka Nabi Musa As. )”.( Q.s. Al-Qoshosh 28 : 15 )
وهو الواحد واسمه عبد الله وإذ مات الغوث حلّ محله أحد العمدة الأربعة ثمّ يحل محل العمدة واحد من الأخيار ، وهكذا يحل واحد من النجباء محل واحد من الأخيار ويحل محل أحد النقباء الذى يحل محله واحد من الناس
Ari Gauts jumlahna ngan Saurang, nami laqobna Abdullah, sareung upami Gauts tilar dunya mangka kalungguhanna digentos ku saurang ti Wali U`mdah anu jumlahna 4 urang lajeung kalungguhan Wali U`mdah digentoskeun ku saurang ti Wali Akhyar nya kitu deui kalungguhan saurang ti Wali Nujaba ngagentoskeun saurang ti Wali Akhyar sareung kalungguhan Wali Nuqoba digantikeun ku saurang ti manusa.
قال القطب الغوث عبد القادر الجيلاتى رضى الله عنه فى مرآة الأسرار : إنّ طبقات الصّوفيّة سبعة الطالبون والمريدون والسالكون والسّائرون والطائرون والواصلون وسابعهم القطب الذى قلبه على قلب سيّدنا محمّد صلعم وهو وارث العلم اللّدني من النبي صلعم بين الناس وهو صاحب لطيفة الحقّ الصحيحة ما عداالنبى الأمّى
Parantos nyarios Al-Qutbul Gauts Abdul Qadir Al-Jailani Ra. Dijero kitabna anu judulna Miratil Asror : Saestuna pirang-pirang tingkatan kawalian eta aya 7 tingkatan diantawisna :
Thoolibun
Muriidun
Saalikun
Saairun
Thooirun
Waashilun
Sareung ka 7 ti aranjeunna nyaeta Wali Qutub anu manahna nempatan kana manah Nabi Muhammad saw. sareung anjeunna ( wali Quthub ) mangrupikeun ahli waris elmu laduni ( alias Ilham tea, ari ilham eta patilasan Wahyu ari wahyu eta Pangeces perkara Ghib ) ti Nabi Saw. diantara manusa, sareung anjeunna ( wali Quthub ) eta anu ngagaduhan lathifah ilahiyyah anu beuneur anu parantos lumpat kana Manahna Nabi anu Ummi Saw.
والطالب هو صاحب قوىّ مزكيّة للطيفته الخفية الجسميّة
والمريد هو صاحب قوىّ للطيفته النفسيّة
والسالك هو من يكون صاحب قوىّ مزكيّة للطيفة القلبيّة
والسائر هو الذى يكون صاحب قوىّ مزكيّة للطيفة السّرّيّة
والطائر هو الذى وصل إلى للطيفة الروحيّة
والواصل هو الشحص الذى اصبحت قواه اللطيفة مزكّاّة على لطيفة الحقّ
Ari Thoolib nyaeta anu ngagaduhan kakawasaan nyucikeun kana lathifah Jasad anu nyumput,
Ari muriid nyaeta anu ngagaduhan kakawasaan nyucikeun kana lathifah Nafsu,
Ari Saalik nyaeta hiji jalma anu bukti ngagaduhan kakawasaan nyucikeun kana lathifah manah
Ari Saair nyaeta hiji jalma anu bukti ngagaduhan kakawasaan nyucikeun kana lathifah Rasa
Ari Thooir nyaeta hiji jalmi anu dugi kana lathifah Ruh
Ari Wasil nyaeta hiji jalma anu ngajanteunkeun kakawasaan lathifahna nyucikeun kana lathifah ilahiyyah.
ويقولون : إنّ رجال الله هم الأقطاب والغوث والإمامان اللذان هما وزيرا القطب والأوتاد والأبدل والأخيار والأبرر والنقباء والنجباء والعمدة والمكتومون والأفراد أي المحبوبون
Parantos cumarios Aranjeunna ( Para Hukama ) : “Saestuna Para Wali Allah nyaeta Wali Qutub, Wali Gauts, Wali Dua Imam, anu kaduana Wali Imamaim mangrupikeun palayan Wali Qutub, Wali Autad, Wali Abdal, Wali Akhyar, Wali Abrar, Wali Nuqoba, Wali Nujaba, Wali U`mdah, Wali Maktumun, sareung Wali Afrad tegesna Wali Mahbubun.
Assalamualaikum
BalasHapusKalau bisa kasih baris biar bisa baca arabnya juga...